Heu.heu.heu.heu....
Kang kangen ka lembur atawa kangen diudag-udag banci ? 
Teu kedah sieun kang ku banci mah, moal matak ngungudag lamun teu bogoheun mah 
hahahahahha.....

Kebo
Heureuy mode on

  ----- Original Message ----- 
  From: awan wandut 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Sunday, January 20, 2008 8:48 AM
  Subject: Re: Trs: [Urang Sunda] Sajak-sajak Sunda: Basa Patepung di Alun-alun 
�Kota Manis�


  Yu atuh urang ka Ciamis.... deui. hehehe

  dede solehudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

    heueuh gening meni alus pisan eta puisi teh...
    ari ngadenge ngaran kota ciamis teh sok hayang balik kuring mah...
    kacipta alun-alun ciamis tempat keur zaman SMA mah sok loba 
banci-na....nepi ka di udag-udag kuringmah..
    pokonamah KURING HAYANG BALIK KA CIAMIS LAH.....

    jangdede ti semarang

     
    2008/1/19, solihin yusuf <[EMAIL PROTECTED]>: 

      Sajak-sajakna matak ngahudang rasa
      Adeuh mani waas kang, eta tuntungna ngaharib-harib moto KOTA Ciamis deui 
..... lembur kuring
      jadi tibelat ka simanehna euy ... 

      Oh nu manis manjing dinamis
      ngalangkang dina sawangan
      asana  ... lah ... ning hese.. puitis teh.

      Nuhun 





      ----- Pesan Diteruskan ----
      Dari: awan wandut < [EMAIL PROTECTED]>
      Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
      Terkirim: Sabtu, 19 Januari, 2008 10:50:25 
      Topik: Re: [Urang Sunda] Sajak-sajak Sunda: Basa Patepung di Alun-alun 
�Kota Manis�


      Basa Patepung di Alun-alun "Kota Manis"
      Katresna kuring nyaeta katresna dina kaweningan
      Kuring nyorangan ngabogaan anjeun
      Keclakna cai ibun anu herang
      maseuhan jandela kaca
      Wanci janari anu rehe
      Masih tibra salira kulem?
      Tingkaretipna bentang peuting tadi
      Micinta salira kawas cai anu biru di sagara
      Micinta salira kawas taneuh ngajeon tutuwuhan
      Micinta kawas alam raya
      Salega jomantara
      Tur sabersih kenclakna cai ibun 
      —————————————
      Lamunan dina wates peuting
      Ditungtung lamunan aya sesa sajuta kahayang
      Ngan rasa cinta anu teu pernah leungit
      Kalangkang anjeun anu sok nembongan
      Ah… kuring keur kasmaran
      Ah… kabayang mun peuting ieu bareng duaan
      Silih namplokeun ka sono
      Silih kedalkeun ka tresna
      Silih bejakeun eusi hate
      Tandana silih mikacinta
      Bakal diabadikeun kereteh eusi hate
      Bakal dijadikeun prasasti dina kahirupan 
      Katresna, kadeudeuh, kacinta kuring ka anjeun
      Moal bisa aya watesna
      Ah… mojang priangan anu manis
      ————————————
      Damis anu manis
      Sorot soca anu seukeut
      Aya geter katresna
      Diantara damis jeung lipeutn jilbab
      Aya imut ngagelenyu
      Ah… katresna kuring ka anjeun
      Ngan sakadar dina ati
      —————————————-
      Katineung siga anu moal leungit
      Panggih deui jeung manehna
      Di alun-alun kota anu manis manjing dinamis
      Basa Rangeman ramo silih patarema
      ter… hate bet ngageter
      tug… jajantung bet ratug
      Plong hate ngemplong deui
      Basa niis dina handapeun tangkal
      Dan taman kota anu manis manjing dinamis
      http://awan965. wordpress. com/

      fadhian_fa <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: 
        Aduh, punten pisan ieu teh. Abdi kangen pisan kana sajak Sunda. Lamun
        aya nu gaduh kirimkeunnya. Rek sabaraha wae. Hatur nuhun 

         



--------------------------------------------------------------------------
      Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! 
Search. 

       


--------------------------------------------------------------------------
      Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 






------------------------------------------------------------------------------
  Looking for last minute shopping deals? Find them fast with Yahoo! Search.

   

Kirim email ke