Nah ini dia tes untuk dapat TOSFL (Test of Sundanese as Foreign Language)...Kalo mau lulus harus diatas 550... hehehe..
Angkot Abdi Kenging iyeu carita ti Rerencangan, pangintun ti rerencangannana rerencangan. Mangga wae raosan: Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda.... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun : "Aceh......Merdeka......Aceh.......Merdeka......!!" jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh "Binatang.....ada turun.....? ibu......bapa.....binatang......!" tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh "sila.......sila.....hiji deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho'okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu'ur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......? padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG.........." eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek ngajorowok.....Supratman... jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh.. Jorowok deui....Raja mantri....jrut Mang Jamal turun... Rengganis.....jrut Neng Nia turun Teuku Umar....jrut deui lalaki turun... Na ari celengkeung teh....urang batak ngajorowok... "aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! " Basa Inggris Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak mah. Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid muridna. Poe kahiji: Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula ! ", saur ibu guru Lia. "Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor ! ", si ibu teh ngancem. "Fitha, sok sebutkeun contohna irregular verb !", ibu guru Lia naros. "Bring - brought - brought, hartosna nyandak" "Alus.... Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !", si Yogi katelah tukang heureuy. "Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR". "Nangtung dihareup ! Dadan ! "Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan teu gaduh beas" "Nangtung dihareup! Dikdik ! "Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih " "Nangtung dihareup! Yusuf ! "Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Palestina". "Nangtung dihareup! Mahmud ! "Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi ". "Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung dihareup! Endang ! "Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang ". "Nangtung dihareup! Nandang ! "Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan. "Nangtung dihareup! Naddy! "Plak - plek - plok, hartosna bararahe". "Masingna ase rehe atuh! Nangtung dihareup! Epul ! "Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur ". "Nangtung dihareup! Kabeh baralegug! Doddy ! " > Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur, ari seduuut .... teh hitut "Brat - bret - brot nyah!?, saur ibu Lia mayunan : " Kaluar kabeh! ", ibu Lia bendu. ---------------------------------------------------- EMAIL DISCLAIMER This email and any files transmitted with it is confidential and intended solely for the use of the individual or entity to whom it is addressed. Any personal views or opinions stated are solely those of the author and do not necessarily represent those of the company. If you have received this email in error please notify the sender immediately. Please also delete this message and attachments if any from your computer.