Hapunten Samudaya Kalepatan

***Kanggo mapag sasih nu pinuh ku berkah ti Illahi Robbi,
kanggo ngeusian waktos ti subuh dugi ka maghrib di sasih nu suci,
sumangga urang sarerea diajar ngalempengkeun hate deui,
supados urang kaeusian taqwa dina diri.

Sasih shaum nu kalangkung tos sumping deui di ieu warsih,
anugrah ti Allah Subahanahu Wata'ala bakating ku asih,
maparin waktos ka urang beberesih,
asa teu lami dina sawarsih dipasihan uku sasasih. 

Kuring saparakanca nyuhunkeun dihapunten ka sarerea,
kuring apal seueur cariosan nu matak semplak ka manah salira,
ampun paralun teu aya sakedik oge niat ngaraheutan manah salira,
mugia Allah Subahanahu Wata'ala ngabageakeun urang di sawarga. 

Kuring nonggerak saparakanca.



      

[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to