sampur"a"(na in)sun.......???

..........Kuring kalan-kalan sok nanya kadiri sorangan (bari naggeuy
gado, lain nyeri huntu tapi nyeri hate, terus gagaro....pan siga anu
keur mikir...), ari Kuring pernah hanteu kitu korupsi? (boh sadar
atawa hanteu, dirarancang jeung diniatan atawa di/kapaksa..)......
Naha? sabab rarasaan mah kuring oge jelema...., anu boga kahayang,
kabutuh jeung kakurangan; leuwih ti eta boga nafsu jeung
mabisi.....hayang beunghar! hehehe....., jujur keur lieur kieu mah sok
laatt.... bae kana norma hade/goreng teh sok poho....

Terus, lamun kuring teu pernah korupsi... naha lantaran kuring jalma
bener tur jujur? atawa kusabab euweuh kasempetan pikeun korupsi?
Kira-kira lamun aya kasempetan jeung luang pikeun korupsi (rek badag
rek leutik), kuring bakal kuat kitunya pikeun nahan diri supaya teu
korupsi? Cenah geuning, "....waspadalah....! kejahatan bukan hanya
karena ada niat, tapi juga karena ada kesempatan..."
Atuh cenah lamun seug enya kuring pernah korupsi (rek badag rek
leutik, rek sadar atawa hanteu), naha eta teh kusabab pedah aya
kasempetan atau kusabab memang kuring boga sifat "koruf"? resep
ngaruksak, resep salingkuh (neang luang jeung liang lain bari
susulumputan).
Anu jelas rek pernah atawa eukeur korupsi atawa acatan atawa teu
pernah korupsi.... geuning hirup teh angger bae teu menyat-menyat....
beda jeung anu lian...! Panghasilan teh tibatan nyumponan pangabutuh,
kalah pangabutuh anu miheulaan lumpat patarik-tarik.... kuring tetep
aya di tukang....wessshhhh

"Pernah korupsi teu nya kuring?, bakal korupsi moal kitu kuring lamun
aya kasempetan?"

AG./bdg.... anu bingung






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke