Ari Aki Endang? Sanajan tepang sareng anjeunna di Pakalongan, disambung di Kebon Jeruk, Jakarta, 1981-2002, si Aki teh pituin urang Manonjaya, Tasik. Mun nyekel kana kasauran anjeunna, yen taun 1981 harita yuswana tos 62, hartina anjeunna teh kalahiran taun 1919. (Pupus taun 2002, dina yuswa 83. Yuswa nu kalintang panjang keur ukuran kiwari). Alatan rama sareng eyangna ngiring ilubiung dina dunya perbatikan, di antarana garaduheun studio batik di Sukapura sareng Mangkubumi, Tasik, atuh anjeunna apal pisan zaman kajayaan batik Sunda umumna, batik Tasik khususna. Malah, anjeunna apal kumaha Bung Hatta sumping ka Tasik seja muka Kongres Koperasi Indonesia ka-Hiji sakaligus ngainpeksi kaayaan industri batik di Tasikmalaya harita, kaasup kayaaan Koperasi Mitra Batik (12 Juli 1947). Sakumakaha geus jadi kaweruh urang sarerea, Mitra Batik, nu diadegkeun taun 1939, ngarupakeun koperasi batik munggaran di Indonesia. Koperasi ieu nu engke jadi motor GKBI (Gabungan Koperasi Batik Indonesia), nu gedongna di Jakarta kiwari geus obah jadi Bursa Efek Jakarta jeung Pacific Place Jakarta. Tapak jeung titinggal pabrik batik urang Sunda nu kungsi aya di Jakarta, burantak mangsa Bung Karno jeung Ir.Sutami nyieun Jembatan Semanggi samemeh Ganefo, taun 60-an. Baheula, ceuk Aki Endang jeung sawatara sepuh lianna, lian ti di daerah Setiabudi, pabrik batik milik urang Sunda rentul di daerah Semanggi eta. Burakna Semanggi ieu ngabuyarkeun komunitas Sunda di dinya ka tilu tempat: Tebet, nu harita anyar dibuka, Sukabumi Udik, jeung hiji kampung nu kadieunakeun, taun 80-an, jadi perumahan elit Permata Hijau – tempat sawatara inohong jeung artis dumuk, ti mimiti Wiranto, Titiek Puspa, nepi ka Mayangsari. Hartina, mun kiwari di Sukabumi Udik, Jakarta Barat, loba industri konveksi (kaasup pangumbahan calana jeans, nu limbahna ngabarubahkeun sawatara masyarakat di dinya) urang Sunda kungsi ngilu andil. Lian ti kantos nikah dugi ka sabaraha kali, di antawisna sareng Tionghoa Singapur, sateuacan ngajodo sareng urang Pakalongan terah Palembang, Aki Endang oge apal kumaha corak-corak batik Sunda nu kungsi aya. Nu narik ati kuring, pakait jeung ieu pangacaprukan: Di urang kungsi aya sawatara corak nu ngagambarkeun atawa dumasar kana mistik Sunda-Islam. Teu beda jeung sawatara corak nu nyampak di Trusmi, Cirebon. Mimiti ti isim, bandera ali, keansantang, nepi ka martabat tujuh. Saur anjeunna, kurang leuwih taun 1981, motif sapujagat jeung pagi-sore ge teu leupas tina perkara mistik ieu. Sapujagat jeung martabat tujuh, lir kakayon dina wayang, nya ngebrehkeun alam kahirupan dunya jeung akherat. Tiap buleudan, cecek, jeung cakra nu aya dina samping sapujagat, saur almarhum, miboga maksud jeung harti sewang-sewangan. Pon kitu deui kelirna. Masih ceuk si Aki, corak-corak eta teu samanea jalma make. Mun lain kiai, tangtuna santri-santri senior. Kitu ge nu dialajar tarekoh bari geus karenging ijazah. (Sigana mah, ku panoong kuring, sarupaning tarekoh Tijaniyah nu – cenah – oge rentul di urang). “Nu nyieunna teu sagawayah. Mun biasana nu ngabaratik teh awewe, sarupaning isim atawa martabat tujuh mah dijieunna ku lalaki,” saur Aki Endang. Aya eta ge awewe nu nyieun batik corak ieu, ngan, saur anjeunna keneh, kudu awewe nu geus hatam Qur’an jeung dina kaayaan suci – boga wudu. Nu keur boga hahalang mah tangtu bae dipumpang pisan nyieun ieu corak. Bari, kituna teh, sok dibarengan jeung diaping ku lalaki nu oge alim jeung soleh. Lian ti kitu, nu nyarieun eta batik teh dikudukeun puasa heula tilu nepi ka saminggu – diparokkeun jeung weton atawa tanggal lahir nu rek makena. Salila ngabatik, ti mimiti mola nepi ka ngaangin-anginkeun, oge ngalicin jeung nilepan, teu meunang ngomong cawokah atawa ngomong hal nu goreng. Malah, lian ti diwajibkeun maca hiji amalan, sabisa-bisa jinisna teu weleh maca solawat atawa sahadat. Alatan istimewana ieu batik, nganggena ge ngan dina mangsa-mangsa tinangtu bae. Mun lain mangsa lebaran (sholat Ied), muludan atawa ratiban, paling diangge netepan atawa keur manggih karerepet – utamana, husus Bandera Ali, perang. Maman Gantra Jalan Salemba Tengah 51, Jakarta 10440. 0812-940-5441