Sampura Sun Gan Oman, sanaos sim kuring teu terang kasang tukang sareng jujutan ieu acara, naha saha nu ngayakeun atanapi saha nu diulem. Namung dina pertelaan nu tos diserat, jentre pisan saha urang Sunda. Kumaha panampian aranjeunna. Da aranjeunna oge saenyana uninga yen Raden Wijaya teh putra Rakean Jayagiri (rajakumara/putra mahkota) nu nikah ka Dyah Lembu Tal putra Mahisa Campaka. Ramana Rakean Jayagiri teh Prbhu Gurudharmasiksa Sang Paramartha Mahapurusa/ Prbhu Sanghyang Wisnu. Namung anjeunna teu kungsi nyepeng kalungguhan raja Sunda, da pupusna anom keneh, nu mawi R. Wijaya dicandak ku Ibuna mulih ka Wewengkon Jawa (Singosari). Sakali deui, sanaos teu nyakseni acara, namung wibawa komara udang Sunda karaos asa pisan. Rasa kasedih kareueus para pamilon eta acara ge ku sim kuring tiasa karaos. Sok sedih mun ras kana kajadian bubat....... kacipta pisan wawanen Sang Prbhu Linggabhuwana sareng para sinatria Sunda nalika ijen jeung tamtama wilwatikta. Teu karaos cisoca noong tina juru panon dua................. nu geulis Dyah Pitaloka gugur di medan laga, nuturkeun sepuhna nu tiwas dipengperangan........... Gan...... teu wasa sim kuring neraskeunana.......... ah.... wilujeng we........ salam ka sadaya nu miang ka trowulan.........!!! Tubagus Taufik Iskandar nu calik ayeuna di Tatar Bogor
--------------------------------- Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! Answers [Non-text portions of this message have been removed]