Lamun feodal dihartikeun rada heureut, siga dihartikeun kudu turunanana wae 
anu istimewa, sigana lain jelema wae nu boga sifat kitu. Kuring sering 
lalajo pilem margasatawa nu nunjukkeun sato oge boga sifat nu rada 
"individualis" ieu. Singa jalu sok maehan anak singa nu lain anakna, kitu 
deui ucing. Sato nu boga kahirupan sosial leuwih rumit, siga monyet, 
mandahongna (mandahong= sang pamimpin monyet) boga bikang panglobana. Ku 
jalan kitu, otomatis generasi saterusna lolobana ngandung "gen" sang 
"Jawara". Ceuk narrator pilem margasatwa, sabenerna hal ieu penting, keur 
kalangsungan spesiesna, sabab lamun generasi saterusna mamawa gen nu 
"geringan", lain gen nu jagjag waringkas, spesies ieu bakal tumpur.

Ngan di sato, sanajan gen pangunggulna geus "dipelakkeun" di generasi 
penerus, tapi kapamingpinan tetep kudu diparebutkeun heula, sacara fisik, nu 
pangunggulna eta nu jadi pamimpin. Cenah di manusa nu budayana acan maju oge 
kitu, nu jadi pupuhu kolompok acan tangtu turunan pupuhu. Ngan ari manusa 
mah, kulantaran volume otakna leuwih gede, sakapeung teu kudu make kakuatan 
fisik deui dina marebutkeun kadudukan pupuhu, cukup ku "kakuatan" otakna.

Budaya jelema beuki tumuwuh, saluyu jeung ambisi jelema eta sorangan. Jelema 
boga ambisi ngawasa kamana-mana, hiji koloni manusa bisa naklukkeun 
koloni-koloni manusa sejenna, koloni-koloni ieu dihijikeun dikawasa ku sang 
pupuhu. Ieu beda jeung koloni mangkeluk sejen, koloni mangkeluk sejen teu 
boga ambisi ngalegaan daerah teritori. Saurang jelema sanggeus kakawasaanana 
gede, mimiti nyieun aturan-aturan ruwet, keur ngatur kakawasaanana, akal 
dipake, tapi tetep didasarkeun dorongan INSTINK MEMPERTAHANKAN GEN. Mimiti 
mucunghul aturan-aturan  feodal,  aturan nu dijieun antara dorongan instink 
jeung akal.

Unggal etnik/ bangsa nu sajarah/ budayana  maju, pasti ngalaman jaman 
feodal, sabab feodalismeu sabenerna bagian tina tumuwuh (perkembangan) 
budaya manusa sorangan. Ngan tanggtu carana beda-beda, tapi dina intina mah 
sarua, MEMPERTAHANKAN GEN!

Tapi ku otakna nu volumena gede, budaya manusa terus tumuwuh, " budaya 
feodal"  geus teu bisa nampung deui, perlu "sistem anyar"  nu leuwih saluyu. 
Sistem nu lain didasarkeun ku insting "mepertahankan gen" tapi nu 
didasarkeun akal-pikiran manusa (didominasi akal-pikiran): Manusa 
dimana-mana oge sadarajat, teu didasarkeun ku "gen".

Naha sistem ieu bisa mempertahankan spesies manusa? Duka ...kudu ditingali 
heula hasilna, engke sajuta taun kahareup ...hahahahaha


Baktos,
WALUYA
[Tukang ngacapruks]



Kirim email ke