Ngabuburit

Teuing timana
Teuing iraha
Asanamah puasa ayeuna 
Kuring loba bolongna. 

Sok web bayangkeun balik ti pagawean 
Lain langsung tarawehan 
Tapi malah langsung neang kadaharan. 

Sok komo ari muru buka 
Sok aya di jero bis antar kota. 
Nya ari buka na nginum akua 
Jeung tahu nu jumlahna dua.

Biasana balik teh jam satengah lima, 
apal da ari jakarta mah macetna kacida. 

Kuring sok balik jeung babaturan 
Turunna di parapatan kuningan. 

Laju weh naik P Genep, 
Neangan diuk langsung jejep. 
Da didinya mobil masih kosong 
sok komo euruen na dinu lorong.

Sanggeus nepi ka UKI
Kuring langsing nyungsi
Rek neangan Tajil
Sugan weh aya Gurandil

Nu Diteangan teh malah haliwu
Nya Wayah na neangan goreng tahu
Nu Hargana dua Sarebu

Ari nginumna Cai Tiis
Sok komo balik ka bogor teh numpak mobil paniis

Geus nepi ka baranangsiang
Rarasaaan mah sok hariwang
Magbrib geus isya beurang

Antukna Muru Ka kostan
Niatna rek Magriban
Langsung ka warung neang kadaharan

Maklum beuteung kalaparan
Sagala nu aya dihakan
Mie Golosor, Es Buah, Teh manis jeung gorengan
Sok komo dibaturanna  loba nyi Mojang

Cag Ach






      

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke