Maca artikel dihandap, aya anu teu ngartos maksadna Prung padungdung
Maung Bandung naon-nya ? bilih aya anu terang. Terutama arti kata
PADUNGDUNG sareng arti kata DARIA.
-------------------------------------------------------------------------

Persib jeung Realitas Kesundaan
O l e h D J A S É P U D I N

Persib nu aing
Maung nu aing
Persib Maung Bandung

***

Persatuan Sepak Bola Indonesia Bandung (Persib) lain waé riungan
pamaén jeung réngréngan manajemén nu ngaugulung kaulinan bola buleud.
Kalayan rojongan ti pamaréntah, bobotoh, sarta media Persib
ngajanggélék jadi salah sahiji kareueus urang Sunda.

Sok sanajan Persib kiwari keur mojéjrét, tapi Persib tetep
ngajanggélék jadi salah sahiji ikon urang Sunda, sabab realitas nasib
urang Sunda kiwari matak pimelangeun.

Survei Badan Pusat Statistik (BPS) Jawa Barat kana karakteristik
penduduk di Jawa Barat tepi ka Agustus 2006, upamana, némbongkeun
warga nu ngumbara nu digawé di sektor jasa nitih 34,38%, ari urang
Sundana sorangan ngan 18,00%.

Dina séktor industri, sémah nu digawé jumlahna 22,97%, ari pribumi mah
ukur 10,20%. Nya kitu ogé dina dunya niaga, 15,92% mangrupa warga nu
ngumbara ka tatar Sunda, 15,68% deui warga pribumi. Boa paribasa jati
kasislih ku junti téh mémang geus nincak kana ugana.

Boa urang gé, kana kasundaan téh kakara semet kana susundaan wungkul.
Alias artifisial téa. Sunda ngan pupulasan. Ngan abang-abang lambé.
Cocorowokan ngaraharjakeun jeung némbongkeun Sunda umumna ngan bati
romantik jeung melankolik. Kacida barina, mitos Siliwangi nu jadi
pamianganana téh. Sunda ngan jadi panineungan.

Nya kacida kahartina, upama Persib kiwari jadi kareueus saréréa. Lain
waé urang Bandung, warga Jawa Barat gé ngilu agul.

Manakomo barisan punggawa Persib teu wungkul diwewegan pituin Kota
Bandung. Ngeunaan aubna pamaén asing dina kakuatan Persib ayeuna, nu
baheula mah kungsi dipamalikeun, lain hiji pasualan.

Sabab sepak bola kiwari mah sepak bola industri. Sepak bola geus jadi
barang dagangan. Prestasi jeung prestise kudu réréndéngan.

Dina ieu tataran Persib geus ngigelan jeung ngigelkeun jaman.
Sangkan prestasi Persib beuki ngajaul sarta tetep jadi kareueus urang
Sunda rupaning tarékah kudu disorang kalayan daria. Salah sahiji
carana bobotoh kudu dijadikeun batur pakumaha. Bobotoh teu wungkul
dianggap tukang cocorowokan nu bisa nyumangetan para pamaén nu
makalangan di lapang. Samalah, upama dikokolakeun kalayan daria mah
mangrébu bobotoh bisa dijieun modal geusan ngumpulkeun waragad.

Tangtu baé, hadé-goréngna Persib gumantung ogé kana mahér tur
motékarna réngréngan manajemen. Geus ninggang ka waktuna Persib kiwari
teu kamalinaan jajaluk kana kas APBD. Profesional atuh. Nya léngkah
kacida merenah upama Persib dikokolakeun ku pihak swasta..

Disagédéngeun éta, Persib gé kudu leuwih daria dina mikiran
regenerasi. Sabab maranéhna pisan ahli waris nu syah nu engkéna nampa
tongkat estafet ti Yaris Riyadi, Cecep Supriatna, jeung Suwita Patha
saparankanca.

Kompetisi di lingkungan Persib kudu dihangkeutkeun deui. Montong
kajadian deui klub nu aub dina kompetisi di lingkungan Persib dicoret
alatan éta klub bangkrut atawa kakurangan pamaén, kawas nu karandapan
ku klub Turangga.

Akhirul kalam, dalah dikumaha gé mulang deui ka pamaén. Sakumaha
jeniusna pelatih dina ngagulanggapér strategi, saprofesional kawas
kumaha gé rojongan tim manajemen, sarta sakumaha eundeurna rojongan ti
bobotoh, taya hartina upama pamaénna haré-haré. Sabab, anjeun tihothat
téh lain baé keur publik sepak bola. Aranjeun ngeprot késang di lapang
gé keur merjoangkeun darajat masarakat Sunda.
Prung padungdung Maung Bandung. Mugia jaya di buana. Hurip Persib
waras Sunda.

Kirim email ke