Abdi mah teu terang jalmina anu mana Bp. Ading teh ? Ngan ngiring berduka kanggo Pak Ading. ----------------------------------------------------------------------
Pileuleuyan, Kang Ading cecep burdansyah Pileuleuyan, Kang Ading -Panineungan Cecep Burdansyah KURING mah ka Kang Ading teh moal nepi ka poho. Geus karuhan ari kana karya-karyana anu luhur ajenna mah, samodel novel Pipisahan, Nu Kaul Lagu Kaleon, atawa sinetronna anu fenomenal samodel Inohong di Bojongrangkong, apan kritik sosial sakitu matak seukeutna, bari tetep teu matak beureum ceuli anu dikritikna. Kitu deui katineungna ka Persib, apan basa dirawat di RSHS kamari ge, sakumaha anu dimuat ku Tribun, anjeunna tetep ngemutan sangkan Persib bisa maju. Ari anu matak kuring teu bisa mopohokeun ka Kang Ading, nyaeta bantuanana jaman sabalad- balad ngayakeun Pesta Sastra Sunda, awal taun 1990-an. Kang Ading mah estu ihlas mantuan kuring minangka panitia nu baluweng neangan duit. Kang Karno (Karno Kartadibrata, pamingpin redaksi Mangle) anu ngajongklokeunana mah. Idena ti kang Karno sangkan aya Pesta Sastra Sunda. Duka kumaha mimitina, Kang Karno ujug-ujug nunjuk kudu milu jadi panitia. Harita teh jeung Hadi AKS, Darpan, ari ketua Kang Bachtiar. Teu pupuguh deuih, kuring purah jadi bendahara, tukang neangan duit. Atuh puguh ngahulengna meh-mehan nepi ka linglung. Mangkaning acara Pesta Sastra Sunda teh rohaka, diayakeun tujuh poe di Rumentag Siang. Ari sumber duit can kairong. Jeung deuih kuring teu boga pangalaman jeung teu boga anleh kana neangan duit. Kawawuhan heureut, komo ka jalma jugala. Ari soal materi acara mah, ide mani teu sirikna merul. Kudu kitu kudu kieu, Itu salah ieu salah. Samodel Kang Wahyu (Wahyu Wibisana), apan katotol euyeub idena jeung tukang nyalahkeun. Gede sumbangan idena Kang Wahyu teh, kaasup nyarekanana, beak karep. Pokona matak pundung nu teu kaopan. Lebah dinya mah sabelas dua belas jeung Kang Ajip. Ngan palebah nepi kana soal dana, teu aya nu mere ide, kudu ti mana atuh sumberna. Saha anu haat mantuan? Sarerea ngabigeu. Ngan sarerea kawas anu saur manuk, nya keur naon atuh aya bendahara mun sarerea kudu mikiran duit mah. Bagi-bagi tugas, nu mikiran acara, mikiran pameran, mikiran saha nu bakal jadi pembicara tur sakalian ngontakna, nu mikiran pentas kesenian, pan geus puguh. Tah nu neangan duit ge pan puguh, nya wayahna bendahara. Geura, rek teu matak linglung kumaha. Papada panitia nyarankeun, sangkan ngumaha ka Pemda Provinsi. Terus terang wae, salian teu boga pangalaman urusan jeung birokrat teh, geus kapiheulaan manten ku hoream kudu nyarayuda ka birokrat mah. Atuda awal 1990-an, orde baru keur sakitu jumawana, birokrat the sasat raja, nu kudu dilayanan ku rayatna, lain malah ngalayanan rayat. Komo deui ieu kasebutna rek menta duit. Geus kabayang dikehed-kehed dikekesed. Lantaran didongsok ku papada panitia, suka teu suka, nya nyusun proposal tuluy digidig ka Pemda. Sakumaha anu diwangwang, ana disusud eta proposal kumaha nasibna, enyaan dipingpongna teh. Kalana kulunu di Gedong Sate jeung di DPRD, bari suwung nu wawuh. Keur baluweng kitu, ras ka RAF. Apan anjeunna anggota DPRD. Sarerea sapuk, enya muntang tulung we ka Kang Ading. Encan wawuh saenyana sareng Kang Ading teh. Tapi apal saha anjeunna. Lantaran kapeped ku pangabutuh, najan teu wawuh ge, lahlahan ditepungan di Kantorna, di Komisi E DPRD Jabar. Ah rek kumaha engke we. Paling ge disapirakeun, atawa apesna dipapatahan sina ulah baramaen, malah boa nepi ka diseungseurikeunana. Barang gok jeung Kang Ading, teu disangka, anjeunna ngahiap. Komo sanggeus kuring nikukur heula, ti dituna mah ngawanohkeun yen kuring jol ti dunya nu sarua, sok tulas tulis, anjeunna mani giak ngabageakeun. Ti dinya kuring ujug ujug boga kesan, geuning Kang Ading teh lain wae bageur, tapi siga nu ngajenan ka budak ololeho pedah rek ngayakeun acara pesta sastra Sunda. Malah ka dituna kuring jadi asa boga bapa, bapa budaya. Atuda lain wae bantuanana Kang Ading teh, sanajan anjeunna sepuh, tapi haat mantuan nepi ka kudu cindek yen kuring kudu meunang bantuan. Proposal ge ku anjeunna disuhunkeun, rek dibawa ka Komisi E, basana teh lain rek diusulkeun, tapi Komisi E kudu nyaluyuan kana eta kagiatan, nu hartina kudu nedunan proposal panitia. "Wajib pamarentah ngarojong pesta sastra," kitu saurna. Kuring bungangang kacida. Tuluy meunang beja ti Kang Ading, Panitia anggaran nyaluyuan. Duh bungangang deui wae. Alhamdulillah, enya geuning proposal teh asup kana rengkolan APBD. Tah, palebah nyairkeun, lain perkara enteng geuning. Loba saratna. Malum sareng birokrat tea. Nya ahirna ka Kang Ading deui. Ku anjeunna ditadah-tuduh, meja mana wae nu kudu ditepungan teh. "Bejakeun we, ti Akang kituh." Tah ku jalan perhatian Kang Ading siga kitu, kuring mah moal poho. Bisa tinekanan ngayakeun Pesta Sastra Sunda teh sasatna bantuan Kang Ading. Mun teu salah nepi ka dua kali ngayakeun pesta Sastra Sunda teh. Nu kadua kalina lungsur langsar, da sakali lol ge ka komisi E, Kang Ading kawas nu tos surti. Tuluy nampanan proposal. Teu loba carios, komo mapatahan kudu itu kudu ieu siga senior ka yunior nu dianggap atah. Nineungna deui, sanajan anjeunna kagungan jasa, sugan Kang Ading hoyong dilulungsur jadi penasehat, pembina, atawa jadi pembicara dina pesta sastra, da henteu atuh. Komo nyuhunkeun komisi mah, teu siga birokratna. Estuning ihlas. Dina prungna acara, anjeunna cekap ku janten ondangan bae. Estuning Kang Ading mah nyaan budayawanna teh. Sanajan jadi anggota DPRD Jabar, anjeunna mah teu katingal politisi, tapi tetep budayawan. Tug dugi ka ayeuna, asa can mendak deui anggota DPRD anu wandana siga Kang Ading, ageung katineungna kana budaya Sunda. Kang Ading, pileuleuyan, dugi ka iraha ge kuring mah moal hilap. Mugi amal soleh Kang Ading nyaangan alam kubur. Amin.*