Ganles oge sadayana,

Aksara Sunda anu resmina nyaeta anu disebut Aksara Kaganga. Memang
dina aksara Hanacara aya kontribusi modifikasi ti masyarakat Sunda,
tapi ngan saeutik, ngan kl 10% - an. Anapon aksara Kaganga mah meh
sagemblengna karya masyarakat Sunda sakumaha kapendak dina
bukti-buktina mangrupa prasasti, jeung naskah kuno (dina kertas,
logam, jsb).

"Kaganga" sorangan sabenerna ngaran generik, ngaran anu dipake ku
aksara-aksara tradisi sejenna di Nusantara ieu, malah di Asia Tenggara
oge. Kukituna, tiheula pangersa Abah Surya usul sangkan ngaran (sejen)
eta aksara Sunda teh nyaeta "Aksara Ratu Pakuan" (nujul kana naskah
Sunda karya Bujanggamanik).

Ngaran sejenna, sok aya oge anu nyebut aksara Ngalagena. Ngan,
ngalagena mah satemenna lain ngaran, tapi kelompok aksara, nyaeta
aksara konsonan anu aslina (memeh aya vokal, rarangken jeung tanda
baca) sadayana "calawak" tea (sadayana ku "a": ta, da, na, ma, jst).
Ngeunaan padungdengan ieu kungsi mucunghul di milist sababaraha waktu
ka tukang.

Resmina ti pamarentah (Pemda Jabar) nya sakumaha dina Peraturan Daerah
(Perda) No.5 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara
Daerah. Nyarengan kana eta Perda, nya Dinas Pendidikan  Prov. Jabar
medalkeun buku Aksara Sunda (Ngalagena). Anu nyeratna diantawisna Kang
Undang A. Darsa tea. Dumasar ieu buku, kang Dian Nugraha ngadamel
software Aksara Sunda. Insya Alloh, sakedap deui rupina baris
kaluar/diresmikeun standar aksara Sunda pikeun rupi-rupi kaperyogian,
diantawisna pikeun Unicode Aksara Sunda.

Rupina sakitu heula.

manAR







On Mon, Sep 22, 2008 at 1:05 PM, Ema Sujalma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kuring waktu S1 di tasik kelas genep kantos nampi pelajaran aksara
> hanacaraka (1983)
> saatos Gn Galunggung bitu...teu kantos apal dugi ka ayeuna ge lebeng
> upami aya seratan hanacaraka sok nyuhungkeun tarjamahan ka budak kuring nu
> cikal,
> margi upami hanacaraka mah di sunda - jawa sami eta-eta keneh
> bentena teh dina panalang , paneleng , paneuleungna
>
> eta gening tos tiasa ngadamel sign dihandap ngangge aksara cacarakan
> hartosna NT lebih tahu dari ane, he he !
>
> Gan Les teh bade naroskeun bade ngawartosan ?
> heu heu sudah tahu nanya...
>
> tapi numutkeun katerangan ti Abah Oman milis tatanggi
> aksara kaganga memang langkung kolot...
> ari anu ahli kana huruf Kaganga  ieu kakasihna teh Kang Teddy Permadi Ti UPI
> Bandung
> Gan Les peryogi alamatna atanapi no HP-na Kang Teddy ?
>
> pami peryogi tiasa dipaluruh
>
> upami Sujalma mah kana Kaganga teh Kagak Ngeuh, he he he,
>
> baktos,
>
>
>
>
> On Mon, Sep 22, 2008 at 11:52 AM, Ganles MGM <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Haturan baraya sadayana .........
>>
>> Cingan tulungan yeuh ........ kanggo ki dulurs anu langkung ngartos
>> saperkawis babadan aksara sunda .......
>> Sim kuring mah meni asa janten pabaliut ...... peupeujeuheun baheula teh
>> basa sakola S3 (heu-euh SD - SMP - SMA) teu ngalaman pisan diajar
>> (kaajarkeun) Aksara Sunda teh ... Rada ngartos soteh ayeuna kulantaran nimu
>> buku HANACARAKA .....
>>
>> HANARAKA SUNDA teh geuningan teu tebih sareng Bali Simbar (aksara Bali,
>> namina oge sami hanacaraka). Tapi salian HANARACARAKA teh - Aksara Sunda nu
>> lianna aya deui nya eta KAGANGA ...........
>>
>> Janten anu saleresna diangge di wewengkon Pasundan teh saleresna anu mana
>> ....... HANACARAKA .... atanapi KAGANGA ... !? Atanapi dua-dua na ....!?
>>
>> Pami aya anu kagungan referensi-na cingan atuh punten pangbaledogkeun
>> ....... kumargi data anu di sim kuring mah asana mah teu acan akurat
>> .........
>>
>> mangga nyanggakeun, hatur nuhun.
>>
>>
>> ________________________________
>>
>> patani makmur ..... taneuh subur ......
>>
>>
>
>
> --
> Ema Sujalma
>
> 

Reply via email to