Kang Joko, ISK, oge baraya sanesna.
  Kumaha upama ieu jejer, yen BASA SUNDA HESE?, urang jadikeun pooling.  Sugan 
wae hasilna bisa dijadikeun bahan tinimbangan pikeun guru-guru  basa Sunda di 
sakola. Ngarah pasualanana rada jelas, urang watesan  heula. Urang mimitian  
noong pikeun ngajawab pasualan ieu:
  
  "Numutkeun pangalaman pribadi baraya sadayana, naha leres yen basa Sunda teh 
hese?"
  
  Supaya jawabanana bisa dipake pikeun noong leuwih jero, hadena tiap  jawaban 
dilengkepan ku tinimbangan sewang-sewangan. Jiga saur Kang  Joko, leres cenah 
basa Sunda teh hese, kitu-kitu alesananan. Ari jeung  kang ISK mah ah teu sing 
hese, cenah, kieu-kieu alesanana. 
  
  Tah, kumaha numutkeun baraya sanesna, kum we ieu mah ka sadayana, naha enya 
basa Sunda teh hese? 
  
  Hasil pooling ieu sugan wae bisa dijadikeun tinimbangan, pikeun ngungkulan 
perkara pangajaran basa Sunda.
  
  Salam,
  MH
  
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:        Ari kuring pribadi mah keukeuh teu 
nganggap basa Sunda hese. Teu  percaya? Jung we tanyakeun ka urang 
Rawayan/Kanekes, atawa ka urang  Pameungpeuk, atawa ka urang Sarkanjut, naha 
bener basa Sunda teh hese?  Hese soteh pedah wae teu biasa jeung teu 
ngabiasakeun.
  
  Undak-usuk hese? Mun teu salah, ceuk Abah Surya mah nu teu meunang  pahili 
dina masalah undak-usuk basa Sunda teh ukur sababaraha kecap,  jaba deuih aya 
pilihan sejen (siger tengah, teu kabeungkeut ku  undak-usuk teuing) pikeun 
kecap2 eta.
  
  Ngeunaan mindeng pahilina EU jeung E jeung É, utamana dina tulisan, eta mah 
alatan urang nu jarang manggih basa Sunda tulisan.
  
  "Atuh da hese nyiar bukuna ge..."

  Bohong! Milari buku2 basa Sunda mah gampil pisan, mangga we pesen ka pun bojo 
atawa Uwa Sas.... heuheu
  
  isk 
  
On 12/1/05, joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  Kang MH, leres basa sunda 
teh hese, utamina dina undak
usuk basa + basa tulisan. Mangga titenan ku Kang MH,
tulisan wargi-wargi urang sadaya di KUSnet oge, masih
keneh loba nu patukeur, hususna dina nulis kecap "EU"  
ditulis "E"jeung sabalikna.
          



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
                
---------------------------------
 Yahoo! Personals
 Skip the bars and set-ups and start using Yahoo! Personals for free

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/wlSUMA/LpQLAA/E2hLAA/BRUplB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke