Jakarta Megapolitan;
Kota "Supermarket" Jeung Penyangga Ibu Kota;


DKI Jakarta, iwal ti sabage ibu kota negara (Metropolitan), oge kudu
disebut sabage kota industri, kota perdagangan, kota hunian jeung
rea-rea deui. Ceuk kasarna taya anu euweuh di Jakarta. Jakarta, mun
digambarkeun siga "Super Market" anu di jerona sagala aya; nya
tangtuna oge merlukeun tempat anu kawilang lega, lamun perlu malah
ditingkatkeun. Tong boro-boro lahan taneuh, dalah langit oge teu bisa
majar kumaha.

cenah ayeuna sabagian wilayah Jawa Barat bakal dijadikeun bagian tina
naon disebut "Jakarta Mega Politan"; Ceuk rarasaan teu kudu aneh, Da
geus lila wilayah Jawa Barat geus jadi bagian tina Jakarta mega
politan. Ngan baheula mah lain disebut Jakarta Mega Politan tapi
"Jabo(go)tabek". Sabenerna maknana mah taya bedana, anu ngabedakeun
ngan ukur "deskripsi" (pertelaan, bejer beas) konseptual anu beda.
Sabab ari konsepma kuma perspektifna, bisa perspektif politik,
wilayah, ekonomi jeung sajabana.

Waktu konsep Jabo(go)tabek direalisasikeun, masalah anu muncul ka
permukaan teu jiga ayeuna, duka naon sababna? Dalah, masyarakatna mah
siga anu kangeunahan, sabab bakal meunang pasilitas anu kurang leuwih
sarua jeung DKI Jakarta. Kajadian anu sarupa kajadian oge di Jawa
Barat. Nyaeta kajadian Jatinangor anu aya di wilayah kabupaten
Sumedang jadi "wilayah Pengembangan Wilayah Kota Madya Bandung", anu
menang pasilitas anu kurang leuwih sarua. Duka kumaha tanggapan
Rahayat Jatinangor (?).

Wilayah-wilayah sarupa kitu, ceuk istilah teknisna, disebut sabage
"wilayah penyangga ibu kota". Teu jauh bedana, antara Kota Bandung
Jeung Kabupaten Bandung. Kabupaten kudu daek jadi tempat miceun runtah
Kota Bandung. Kabupaten Bandung jadi Kota Penyangga Kota Bandung, anu
iwal ti sabage Kota Madya oge sabage Ibu Kota Provinsi jawa Barat.

Naon sababna bisa kitu? Ceuk pikiran sim kuring, sabab konsep Ibu Kota
di urang taya lain ti "kota sagala aya" atawa anu leuwih pasna
(meureun) "kota multi fungsi". Anu ngabedakeun Ibu Kota (Jakarta,
Bandung jrrd.) jeung Supermarket nyaeta sakumaha ramena jeung sagala
ayana, Supermarket leuwih "terencana", rapih, bersih jeung resik
dibandingkeun jeung Ibu Kota naon bae oge; kaasup Jakarta sabage Ibu
Kota (metropolitan) Nagara Indonesia.

Lamun Jawa Barat Jadi wilayah Penyangga Jakarta, saetik demi saeutik
Kota di Jawa Barat jeung Banten jadi kota penyangga, anu akhirna moal
boa sakabeh kota di Jawa Barat jeung Banten, kota gede atawa leutik,
(kudu) dianggap sabage kota-kota penyangga Ibu kota Jakarta. Sabenerna
mah lain "moal boa" da geus kitu ayana. Leuweung di Jawa Barat jeung
Banten geus beak dikunyalan ka jakarta. Kuayana Tol Padaleunyi oge
sigana mah mangrupa Jalan Jagorawi anu maksa sacara sistematis,
Bandung (jantung Jawa Barat) jadi bagean "integral" ti Jakarta. Ku
ayana Tol Padaleunyi, jalma anu gawe di jakarta teu kudu bumen-bumen
di jakarta, cukup di Bandung bae. rek teu kitu kumaha, Bekasi, Bogor,
Tangerang, geus pinuh. Lamun Bandung geus beunang? sa Jawa Barat geus
aya dina keupeleulan leungeun..... 

Tapi teu kudu aneh da eta mah bongan kakara ting gorowok ayeuna lain
ti baheula..... Leuwih ti kitu, Kota Bandung oge ngalakukan hal anu
kurang leuwih sarua ka Kabupaten Sumedang.....

bener kitu? teuing (wallahu'alam)

Ahmad Gibson (Baba Icon0






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke