Kalayan Hurmat,

Alhamdulillahirobbil Allamien, jisim abdi sareng rerencangan, parantos tiasa 
medalkeun Majalah Sasihan Basa Sunda SALAKA edisi anu ka lima Agustus 2008.

Anu eusina:

Lalayang/Serat
http://www.salaka.net/?page=Lalayang

Midangkeun:
Pamadegan, kereteg hate, pameda (kritik), usul/saran anu didugikeun ka Salaka 
Online ngalangkungan Uparengga Palalangon 
(http://www.salaka.net/?page=ContactUs) atanapi ngalangkungan E-mail/Surelek ka 
[EMAIL PROTECTED]

Lawang Gintung/Tina Meja Rumpaka
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Midangkeun:
Kabhinekaan Nu Kudu Tetep Tunggal Ika
Nusantara nu diriung ku laut, dipasieup tilu rebu pulo, padumukna aya 400 seler 
bangsa, mangrupa kabeungharan anugrah  Mahasuci nu tan wangenan. Rupa-rupa basa 
indung, nu dipiara tur jadi kakayaan selerna, nu endah pikeun silih pikawanoh 
jeung silih pikadeudeuh. Ti taun ka taun ti abad ka abad, malah nincak mangsa 
millennium ka ti tilu, kalanggengan basa indung mimiti muguran. Geus loba basa 
indung nu paeh, pedah teu dipiara ku selerna sorangan. Tina 400 seler teh 
(lolobana di Papua, cenah ceuk hiji panalungtikan kari 150), nu kaitung badag 
kari 9. Nya eta, Basa Jawa, Sunda, Lampung, Bugis, Banjar, Dayak, Batak, Bali, 
jeung Madura. Taun 1982 Basa Batak sacara resmi kabejakeun paeh, geus teu 
dipake di wewengkonna sorangan. Nepi ka bijil pemeo, puseur basa Batak di 
Bandung, puseur basa Sunda di Aceh. Kitu ceuk babaturan, urang Leiden-Walanda. 
Nu ngayakeun panalungtikan salila 10 taun.
http://www.salaka.net/?page=LawangKori

Paraloka/Kaagamaan
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Midangkeun:
Taudz Pakarang Manusa
Nu disebat kalimah taudz teh nya eta kalimah anu diparentahkeun ku Allah SWT 
sangkan  diaos ku sing saha anu bade ngaos Al Qur�an, sanaos mung saayat. Eta 
parentah kaunggel  dina surat An Nahl ayat 98 : Fasidzaa qoro�tal qur�aana 
fasta�idz billai minasysyaithoonirojiim. Hartosna  dimana anjeun rek maca 
Qur�an, mangka anjeun  kudu nyuhunkeun panyalindungan ka ALLOH tina panggoda 
syetan nu dilaknat (dipecat tina rokhmat). Kalimah Taudz the aya  dua rupi; 
Kalimah anu ka hiji , numutkeun hadits riwayat Imam Ahmad sareng Imam Turmudzi, 
diriwayatkeun ku Imam Abu Daud sareng Imam Nasya�I nu pihartoseunanana : 
Katampi ti sahabat Abu Syaid al Hudri , ti Kangjeng Nabi Muhammad SAW saestuna 
anjeun (kj Nabi) sapertos biasa  dina sholat sok ngaos doa Iftitah, lajeng 
Auuzdu billahi sami�il allimi minassysyaithoo nirrojimi min hamdziyi wa 
nafhihi wa  nafsihi, �abdi  sumalindung ka gusti Allah nu  maha nyandangan, 
maha uninga tina gogoda syetan nu la�nat (dipecat tina rokhmat), tina 
fitnahna, tina kagumedeanana sareng tina kakuatan sihirna.�
http://www.salaka.net/?page=Paraloka

Paraguna/Kabudayaan
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Midangkeun:
Panalek, Carpon: Asep Idjuddin
Nu ngajoprak can usik keneh disimbutan angin nu reureundahan ngagalindengkeun 
rasa kamari, binarung sora suling nu nyeuitan tineung, can kungsi reureuh. Duka 
teuing kunaon, padahal talatah nu diharewoskeun geus tiheula nyulusup mubus 
kalbu. Sabenerna asa teu kudu ngahahambur energy, komo ngahahambur jasad, pan 
tina harewos ge geus atra, saha nu boga? Tah mun mikir mah eta panalek kudu 
dijieun bahan kontemplasi, nafakuran diri. Jawabanana bisa wae unggal jalma 
beda, apan hiji tatanan panafsiran mah, leutik gedena gumantung kana 
kasangtukang pangaweruh nu nyampak. Teu bisa eta ge ari sakarep-karep mah, 
najan katalikung ku �darma wawayangan� usik malik kuma Kersa, hirup teu 
nangtungan waktu paeh teu nyaho di mangsa. Meni asa bener, ngantep diri teu 
walakaya pedah kauger �teu daya teu upaya�. Poho tah kana mustika anugerah 
nu teu dibikeun ka unggal mahluk, A K A L  jeung B U D I, senjata utama keur 
ngungkulan hirup, bisa mawa kana hurip, da kateang ku milah-milih-malah-malih. 
Cindekna, moal nepi ka huleng jentul hurun balung, mikiran nu teu kapikir. 
Golesat gedebug teu sare unggal peuting, suda dahar, poek pikir, nyangga 
beungbeurat nu padahal bisa diecagkeun. Lamun bisa nempatkeun  hirup dina 
tempatna. Geus nyaho teu daya teu upaya, bet dikeukeuweuk wae. Pedit, hawek, 
sarakah, buah bodo teu bisa nerapkeun mustika. Kawas monyet ngagugulung kalapa, 
akal dina wujud otak unggal poe dibabawa, ukur papaes wungkul, ari teu dipake 
teu dgunakeun, teu dimangpaatkeun mah. Usikkeun sakalian kadalian ku kalbu. 
Matak harewos teh dicecebkeun kana kalbu, dina wujud daging jantung. Ngamudi 
akal ngarah bijil sari B U D I. Adumaniskeun, janggelekkeun jadi akal-budi dina 
wujud laku-lampah, nu mucunghul tina niat, ucap, rengkak-paripolah. Salila eta 
kadali teu dilesotkeun, nya lalaunan nerekelkeun ajen kana undakan insanul 
kamil.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Galindeng Kacapi Diri (4), Carita nyambung Dyah Kania Pitaloka
Kabeh gambar kalakuan tepung munggaran, tuluy hahadean antara manehna jeung 
Ika, lir film, taya nu kaliwat. Enya sabenerna mah, teu salah-salah teuing Ika. 
Manehna ge rumasa kecing, jeung kaduhung kareureuhnakeun. Basa manehna anyar 
diwisuda, Ika nitah buru-buru nepungan kolotna. Sahenteuna, neundeun neundeun 
omong atuh, kilangbara nanyaan mah, ceuk Ika harita. Ari manehna ngarasa can 
sayaga. Mikirna panjang, gawe can boga, kolot batan sakitu, piraku rek nurut ka 
mitoha. Gengsi. Manehna menta waktu, sataun. Tapi geus sataun teh, masih keneh 
can meunang pagawean. Leos we diajar ngumbara, ka kota sejen. Sugan di Jakarta 
mah, moal heurin kawas di dieu. Manehna teu wani mere beja. Sabab keur 
saheulaanan mah, nyiar kipayah na teh, jadi juru laden, alias tukang ngaduk 
dina bangunan. Hasilna ukur mahi keur dahar sapopoe, bari kudu ngirit, da kudu 
mayar kamar panganjrekan. Kitu we pagaweanana pundah-pindah, da ngirimkeun 
lamaran mah angger dilakonan. Dalapan bulan ti harita, lamarannana aya nu 
narima, di hiji pausahaan media. Sanggeus lulus testing, tuluy milu diklat 
salila tilu bulan. Tah eta nu rumasa dosa teh. Salila dalapan bulan, manehna 
teu ngirim beja sakali-kali acan, dalah alamat na ge teu dibejaan Ika teh, da 
era, bisi Ika nyusul kana gowok, sisi susukan.
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Puisi - puisi Shinta Ayu Punianjung
http://www.salaka.net/?page=Paraguna

Prepantun/Sajarah
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Midangkeun:
Karajaan Sunda
Sakumaha anu dijelaskeun ti heula, yen Tarusbawa diistrenan jadi raja 
Tarumanagara, ngaganti mertua (Maharaja Linggawarman) dina taun 669 M. Taun 670 
Tarusbawa ngaganti ngaran karajaan jadi karajaan SUNDA, puseurdayeuhna  di 
Purasabha Sundapura, wewengkon Bekasi ayeuna, dipindahkeun rada ka jero 
(pedalaman), ka wewengkon Batutulis-Bogor ayeuna. Akibat ngaran karajaan 
diganti, dijieun kasempetan ku Wretikandayun (ngadegkeun karajaan Galuh taun 
612 M), pikeun misahkeun diri tina kakawasaan Tarumanagara. Tarumanagara di 
bagi dua kalawan watesna Citarum.  Ka Beulah kulon wewengkon Sunda, ka wetan 
wewengkon Galuh atawa Parahyangan. Tarusbawa mindahkeun karaton puseur 
pamarentahan teh, kacatet dina kropak no. 406 nu unina : Di inya urut kadatwan, 
ku bujangga Sedamanah, ngaran sri kadatwan 
Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Anggeus ta tuluy diprebokta ku Maharaja 
Tarusbawa deung bujangga Sedamanah. Disasar ka hulu cipakancilan, katimu 
Bagawat Sunda Mayajati, ku bujangga Sedamanah dibaan ka hareupeun Maharaja 
Tarusbawa. �Di dinya  urut karaton nu ku Bujangga Sedamanah dingaranan Sri 
Kadatun Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati. Sanggeus beres diwangun, 
diberkahan ku Maharaja Tarusbawa jeung bujangga Sedamanah. Diteang ka hulu 
Cipakancilan, di dinya kapanggih Bagawat Sunda Mayajati; ku bujangga Sedamanah 
dibawa ka hareupeun Maharaja Tarusbawa�.
http://www.salaka.net/?page=Prepantun

Byapari/Tokoh, Pangajen, Panghargaan
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Midangkeun:
Oto Iskandardinata
Dugi ka kiwari teu kapendak di mana jasadna saparantos dipergasa di basisir 
Mauk, Tangerang. Makamna di Pasir Pahlawan, Lembang, Kab. Bandung, mung sakadar 
simbolik. Padahal anjeunna the Pahlawan Nasional. Peryogi ayana panalungtikan 
anu langkung teges, saha nu mergasana, dimana jasadna nu saleresna.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Museum Negeri Sri Baduga Penting Keur Sarana Pendidikan
Anu daratang ka Museum Sri Baduga satiap taunna aya kana 150.000 urang. Tina 
jumlah sakitu teh kira-kira 80 % rereana pelajar. Hiji hal anu ngagumbirakeun 
yen masarakat Bandung hususna, Jawa Barat umumna, utamana di kalangan barudak 
sakola aya paningkatan ti taun 2006 anu kurang leuwih 138.000 urang. Di luar 
siswa  anu daratang  ka Museum, aya kulawarga, mahasiswa, tamu nagara jeung 
tamu asing. Ningkatna jumlah anu daratang ka museum  mangrupa ciciren yen geus 
aya kasadaran masarakat pikeun ngamangpaatkeun Museum Sri Baduga keur sarana 
pendidikan.
http://www.salaka.net/?page=Byapari

Pawayagahan/Carita Alam Aheng
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Midangkeun:
Balik Deui Kana Beuteung Indung
Isuk-isuk keneh geus hudang, muru jam genep rek ka sawah. Balik ba�da Lohor. 
Datang ka imah, kedewek dahar, reureuh, sholat. Reup peuting 
sare�������, Isuk-isuk hudang . Kitu jeung kitu bulak balik, 
unggal poe, unggal bulan, unggal taun. Kudu hudang isuk-isuk, kudu kasawah 
ngawaskeun pagawe, kudu dahar, kudu sare jeung sajabana ti kudu. Lalakon hirup 
duapuluh opat  jam saban poe ngan kitu jeung kitu wae. Hirup tungkul kana kudu, 
disengker ku waktu.
http://www.salaka.net/?page=Pawayagahan

Pawitra/Pabukon
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Midangkeun:
Pameran Buku Bandung 2008
Sanajan dina bulan tukang rea panerbit nu geus rek �maot� lantaran naekna 
harga keretas 2 kali dina salila 3 bulan, ditambah dampak kanaekan BBM nepi ka 
IKAPI tibabaranting ngajaga kawijakan pabukon nasional kaasup PP No. 2 taun 
2008 jeung meulina hak cipta tulisan buku pangajaran beuki ngabeungbeuratan 
kahirupan anggota IKAPI  pikeun ngawangun budaya baca jeung bisnis pabukon nu 
saimbang, jade karasa liwung jeung nguyung saperti cek papatah �maju keuna, 
mundur keuna�. Pameran Buku Bandung 2008 mangrupa jawaban ti panerbit nu 
kagabung kana IKAPI anu tetep teuneung jeung konsisten pikeun ngabina budaya 
baca masarakat dina raraga ngajaga kualitas peradaban manusa nu berbudaya di 
tengah kendala jeung kasulitan nu disanghareupan.
http://www.salaka.net/?page=Pawitra

Maraspande/Wisata
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Midangkeun:
Panjalu
Panjalu ngaran hiji desa di kacamatan Panjalu, kabupaten Ciamis, provinsi Jawa 
Barat. Desa Panjalu sakaligus jadi  ibukota kecamatan Panjalu. Prasarana jalan 
ka eta tempat memang hade. Boh nu asalna ti kulon atawa wetan. Ti kulon, 
utamana ti Bandung ngajugjug Panjalu ngaliwatan desa Ciawi, Panumbangan. Jauhna 
aya kana 100 km. lamun ti wetan nyaeta ti Cirebon atawa Kuningan ngajgjug 
Panjalu ngaliwatan Panawangan jeung Kawali jauhna kurang leuwih 30 km.
http://www.salaka.net/?page=Maraspande

Badingkut/Rupa - rupa, warna - warni
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Midangkeun:
SMP NEGERI 38 BANDUNG Boga Prestasi Anu Nyongcolang Di Widang Olahraga Jeung 
Kasenian
SMP Negri 38 Bandung anu pernahna di jalan Borobudur, kuloneun TVRI Bandung, 
ngabogaan prestasi anu nyongcolang utamana dina olah raga Futsal. Padahal 
prestasi lianna  oge saperti  dina widang Bina Mushola POPP,  Majalah Dinding, 
Lomba Lukibra, Ngalukis, Debat Bahasa jrred.  boga prestasi anu lumayan. Malah 
dina bulan Mei nu anyar kaliwat, SMPN 38 oge ngaboyong dua Trophy,  jadi juara 
ka I Pasanggiri Rampak Sekar jeung Paduan Suara sa-Kota Bandung. Hususna dina 
widang seni, siswa-siswina di bimbing ku Bapak Asep Rahardja jeung Ibu 
Junengsih,S.sen.
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Pensiunan PT.TELKOM Jadi Tukang Mulung
Saha anu teu hareugeueun Pangsiunan salah sahiji perusahaan pang majuna di 
Indonesia, jadi pamulung. Bet teu kaharti ku akal, naha ieu teh taya perhatian 
ti  para inohong PT.TELKOM atawa karyawanna teu bisa ngirit duit gajih. 
Sabaraha atuh gajihna the, kumaha nepi ka bisa jadi Pamulung?
http://www.salaka.net/?page=Badingkut

Belenyeh/Guguyon
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Midangkeun:
Ngadaharan Batu
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Garam Inggris
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Rematik
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Maen Bal
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh

Kuciwa
http://www.salaka.net/?page=Belenyeh


Mugi janten uninga, oge timpah hatur nuhun, upami kersa ngalongok.

Rumpaka Salaka
http://www.salaka.net - Sunda sadu Santa Budi
Imah pangancikan Raga, Basa pangancikan Rasa, Sunda pangancikan Kula.

------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke