baheula mah, kuring sok resep nulis (sa)sajak(an). enya teuing geus kaaku sajak teuing hanteu. ngan ieu mah sok inget, kredo kapenyairan kuring (hahaha), nu unina kieu: "CEK AING SAJAK NYA SAJAK!"... haha... mangga, nyanggakeun sasajakan lawas kuring. tamba ngaburayot gado we ieu mah :)). komo ayeuna, meungpeung aya penyair kahot: -- sing luhur <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/06/luhur/>
tuh bulan, ngaganda gawé tuh planét, satia ngurilingan panonpoé tuh béntang, ngagalaksi! reuteum! ajul! dongkang! jéwang! ngan ulah ku asiwung! kalangsu <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/04/kalangsu-2/> hiliwirna angin moncorongna panonpoé héabna seuneu tiisna ibun nyeuceupna isuk haleungheumna ceudeum baseuhna hujan hideungna taneuh ngeplakna salju ngagulidagna caah mayakpakna laut ngajegirna gunung cumalimbana cimata raheutna haté ngajeungitna rasa karasa ngan teu dirasa angger kalangsu teu wasa nyurupkeun jirim jeung jisim! kurung kuring <http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/kurung-kuring/> disesedek teu daék uget didudut ukur murungkut dipapaksa kalah nambalang iraha rék nanjer? 180406 isuk di legok inten<http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/isuk-di-legok-inten/> harita panonpoé mélétét na soca gunung ngahaneutan pasir bulistir nu sapeupeuting ngahodhod geus lila teu apal ngaranna simbut teu wawuh rupana baju simbut dituar baju dihuru, baheula, poho panonpoé tuluy ngabéngrasan ngabanjur konéng héjo jarami nu mayakpak handapeun dampal keur reuneuh pati kahirupan nunggu medal gubrag babar, digebot, diétém panonpoé beuki bolotot ngajaulkeun ibun nu ngaremis urut tiisna janari nyésakeun kebulna halimun ninggalkeun panas nu morérét nganteur lampah sakabéh eusi jagat *04.18.06<http://banjarasih.blogsome.com/2006/04/18/isuk-di-legok-inten/> * 08/09.00 <http://banjarasih.blogsome.com/2006/05/10/22/> waktu kamari datang mawa tatu sanggeus digunasika satru jam karét! masih loba nu kapélét angger pada ngarérét duh waktu naha angger tangtu? *** kedoya, 9 mei 06 sanggeus saptu kamari nunggu tes BANK INDONESIA kidung silung (apologia siliwangi)<http://banjarasih.blogsome.com/2006/06/05/kidung-silung-apologia-siliwangi/> hung ahung aing kapahung ukur babaung kaduhung ukur jadi maung ahung hung uyut linggabuana hampura! kuring ngan wasa sakieu. ngaran uyut ukur diaku. pajar aing gaganti prabu wangi. geuning teu sakeclak-keclak acan ninggang kana awak kuring. wawanén uyut, kagagahan uyut. uyut jati kuring junti. uyut mangsa musuh ngajorag nagara. ti kulonna ti wetanna. kuring ukur (cénah) salin jinis mindah rupa, ganti ngawujud maung. nu cénah kongas gagah perkasa. gedé sima pangabaranna. kakoncara si raja leuweung. tapi geuning teu daya, teu mangga pulia, teu upaya. kuring ngan ukur bisa ngageureum tanpa sora. kuring ngan ukur bisa nyanggéréng tanpa wujud. uyut sakali deui, buyut ménta hampura. teu bisa nurutan uyut. teu bisa nurutan éyang citraresmi. nu réla lali rabi, réla nemahan pati waktu harga diri disosoék, dirarajét. uyut sabalad sunda, réla maseuhan lemah bubat ku beureumna geutih. leuwih hadé gobang rompang. leuwih hadé kujang gorowong ditojos keris, leuwih hadé patrem newek jajantung. tinimbang martabat sunda disosoak. duh uyut bener cék pinandita. kaduhung datang pandeuri. kaduhung salin jinis ukur jadi maung. najan enya raja leuweung. keukeuh ukur sato. ukur bisa gagauran di leuweung tatar sunda. ukur kadéngé ku kisunda. padahal lamun baheula kuring ngahiang trus ngajangélék jadi syiwa. musuh mana nu waluya? kuring, urut siliwangi kari maung ceuli rumpung, congor sumpung, cokor buntung, awak regung tinggal irung, ngangseu ngambeu sésa wawangi tinggal buntut, kupat képot nunggu uga laksana teuing iraha! *06.05.06<http://banjarasih.blogsome.com/2006/06/05/kidung-silung-apologia-siliwangi/> * -- d-: dudi herlianto :-q ~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~ [Non-text portions of this message have been removed] ------------------------------------ http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/