diantos babaran salajengna, hatur nuhun pisan...kersa medar nukieu
seeur manfaatna kangge abdi

--- Pada Sen, 19/7/10, Eddy Nugraha <eddynugr...@gmail.com> menulis:

Dari: Eddy Nugraha <eddynugr...@gmail.com>
Judul: [Baraya_Sunda] KIAMAT sapapanjangna!: Geus bisa encan??.….waaah maenya? 
(I)
Kepada: kisu...@yahoogroups.com, urangsu...@yahoogroups.com, 
Baraya_Sunda@yahoogroups.com
Tanggal: Senin, 19 Juli, 2010, 3:07 PM







 



  


    
      
      
      Catetan ulikan tina Surat At- Takwir di sunda.





Panganteur



I



Di lembur tangtung kampung karang adeg wewengkon samar taya nu aya di 
mumunggang sakawayana-na sunda mah geus jadi kabiasaan ti babaheula nepi
 ka ayeuna mun aya seuweu siwi nu geus dewasa akal/pikirna geus daek 
lampah agama jeung geus katingali keyeng ngadu’a “ihdinas shiratal 
mustaqim” nu jadi bagian bubuka kitabna (da ayeuna mah sareatna ku agama
 islam) sok digentraan ku kolot kolot para sasakana:



“Prak geura baca heula surat At- Takwir sa ….balikan”, atawa “puasaan 
ieu surat sakitu poe…..engke datang ka Aing,…..Aing aya bikeuneun”. 



Atawa,...



“Euy tepungan Anu di Anu tapi kudu bari deuheus nepunganana…. sebutkeun 
‘mugi keresa masihan tuduh ngeunaan maksadna ieu serat At-Takwir …... 



(nu didatangan dasar geus pangkat satmata ulama enya ahli waris Nabi nu 
geus weruh ka jati… geus surti kanu dimaksud).



Mun pareng ditanya ku jalma nu alamna nyantri naha bet miwarang kitu 
walerana teh cekap ku: ’eh apan aya hadisna dina agama maneh,…mun hayang
 nyaho kiamat ku sorangan kudu maca ieu surat’ (mangga kunu ngaos 
tingal…HR Ahmad, At Tirmidzy & Ath Thabarniy ti Ibnu Umar). 



Tapi, lamun nu nanya katimbang bener bener keyeng kayaning nanya: Naon 
peryogina terang ngeunaan kiamat? Nya keresa ngawaler: ‘heueuh mun nyaho
 kiamat meureun hayang…da ngan karek mun geus kiamat ‘Alimat nafsun maa 
ahdarat’ (At-Takwir, 81:14) nyatana tiap jiwa bakal nganyahokeun kana 
sagala rupa nu geus dipigawena/diagemna /dijadikeun payakinanana moal ham ham 
deui da 
kapanggih kasaksi ku sorangan bari enya’. 



Ari ayeuna mah,… lin dongeng poe ahir teh ngan mercayakeun ngandel ka 
euceuk beja/euceuk cenah? Kumaha mun maneh salah ngandel kana eta beja 
cenah?...salah ngahartikeun kana eta dongeng euceuk?….kumaha nimbang 
narajuna salian ti ngandel ka pamanggih batur deui?...

...tah mun bari hirup keneh tuluy pareng bisa kiamat ku sorangan meureun
 genah……





II



Nganyahokeun kiamat???... ..



Rada kaharti sabab ari kiamat teh pan rukun iman hal penting ‘crucial’ 
nu teu meunang henteu dina agama islam, nya yaomil kiamat ieu nu jadi 
pamustungan ‘judgment’sakabeh amal didunya. Warna warna versi dongeng 
kiamat ayeuna mah geus pabalatak tinggal maca naon susahna sanajan bener
 henteuna pamanggihna lolobana nyebutkeun wallahu alam hartina teu nyaho
 teuing pastina.



Tapi,… 



bisa kiamat keur hirup??...malah kiamat tuluy ?? tangtu rada beda lamun 
teu kasebut beda pisan. 



Ieu ‘kabiasaan’ kampung diluhur, utamana ngeunaan ulikan nganyahokeun 
jeung bisa kiamat malah kiamat satutuluyna, rada hese manggihan nu sarua
 di tempat-tempat lain komo bisa nibanan tur ngajelaskeun maksud na mah –
 sanajan mun dek neangan natanyakeun nalungtik mah tangtu/pasti aya 
wae,… da ari elmu panemu mah rasiah pasihan nu murbeng alam dibikeun 
jeung henteuna lain hak ‘monopoli’ jelema/tempat/ paguron, komo ieu geus 
jelas goler hadis ungkara ayat qur’anna. 



Salah sahiji buktina,... 



Ditempat/dijalma lain di sunda, AYA. Malah ieu mah geus 
katulis/dituliskeun nyaeta tina pamendak/seratan Haji Hasan Mustapa 
(HHM) Bujangga sunda pinunjul (malah aya nu nyebutkeun Bujangga sunda 
pangbadagna) puluhan taun ka pengker nu ngahaja dibarukukeun ku nu 
raresep kana pamendakna tur geus jadi/bisa kanyahokeun/ kabaca ku urang 
sunda sabab geus aya diantarana di pabukon umum (misalna di Perpustakaan
 Prof. Dr. Doddy - Buah Batu Bandung).



Kahiji, dina “patakonan jeung Jawabna”:



“Mana nu bener: ceuk pribadi atawa ceuk batur?



Henteu beunang disebut bener, lamun jalma rasana bener ceuk pribadi, 
sanajan salah ceuk batur. Henteu beunang disebut bener, jalma rasana anu
 bener ceuk batur, sanajan salah ceuk pribadi.

Anu kahiji, eta jalma beurat teuing ka aherat, nyaah teuing ka pribadi, 
kajeun dipikageuleuh batur. 

Anu kadua, beurat teuing ka dunya, henteu nyaah ka awak pribadi, lamo 
ngeunah batur.

Tah anu matak guyur bae Saumur-umur jeung pada batur nya ieu, 
marebutkeun perkara ieu, loba nu cilaka dunya aheratna, sakur anu goreng
 timbanganana. 

Nu matak Saumur umur taya putusna marebutkeun bener, euweuh anu 
mertelakeun, tepi ka yaomal qiyamah. Saha nu geus yaomal qiyamah, tangtu
 bisaeun nyarita.” 



Tina nu dicutat diluhur,...



Tangtu bisa katingal, HHM gaduh pamendak nu sawarna ngeunaan perluna 
bisa kiamat sabab ngan nu GEUS KIAMAT nu moal tuluy marebutkeun bener da
 deus nyaho di bener nu enya jeung engkena bisaeun nyarita mertelakeun 
da ngalaman kiamat/geus nganjang ka poe ahir na mahluk. Sanaos dina ieu 
bag HHM teu nyebatkeun kumaha cara jeung referensina tapi nu disebatna 
teh sawarna pisan jeung ‘kabiasaan masihan kanyaahna’ Para Sasaka 
sakawayana, Hadis ti Ibnu Umar jeung maksud ayat Qur’an ‘Alimaat nafsun 
maa ahdarat’ dina surat at-Takwir nu disebut diluhur.



Kadua,... 



Dina bagian nu lainna (Martabat Tujuh, no 95)., HHM nyerat ngeunaan 
Kiamat – nu lain sakali dua kali tapi satutuluyna sapapanjangna. 
”Runtag ceuk nu liwat alamna. Pindah alam poho kana alam anu urut. Anu 
matak Kiamat sapapanjangna…” jst,…jst.- Bagian ieu mah malah leuwih 
ngajelaskeun sabagian proses ngama’naan ngeunaan bisa kiamat 
sapapanjangna nu kahontal/mampuh salila masih keneh hirup…atawa hirup 
deui/tuluy/ keneh kawas jelema.



Euweuh bukti tinulis ngeunaan hubungan HHM sareng para sasaka 
sakawayana. Jadi lamun dicaritakeun didieu ge ukur jadi omong 
‘debatable’ teu guna komo kawas engke katingal di bagian satuluyna (bag 
XXI) proses/teknik/ metodana dina “maca” surat at-Takwir nohonan buktos 
Kasauaran Sang Rahmatan lil alamin dina hadis ge loba bedana nu 
nunjukeun hasanah ulikan nu warna warna di sunda jeung (adumanisna) 
sunda-islam  di sunda. Najan kitu, hasilna sarua nunjukeun pangkat 
metoda ulikan karibadian nu empirik nu bisa ditaluturkeun ku nu 
pandeuri.



Tulisan ieu,… rek mukakeun sababaraha lalangse ngeunaan ulikan diluhur 
kayaning perelean jeung pertelaanana, metoda/teknik/ tarekah empirikna 
ngeunaan kiamat jeung kiamat sapapanjangna nu kapanggih di sunda -nu 
boga saksi atawa nyoko kana Qur’an surat At- Takwir nu ciri-cirina aya 
ditepikeun nepikeun ka 13 ayat na-, sabisana. 


    
     

    
    


 



  





Kirim email ke