haturan mang oman. biasa sikuring mah bade ngarewong. nyocogkeun kanyaho
heuheu. sakaterang margaluyu mah wangun rumpaka di mana kecap/engang
tungtung hiji padalisan dijadikeun kecap/engang awal padalisan satuluyna.
margaluyu nu sikuring terang nyaeta:

1. punten mangga
    ari ga gatotkaca
    ari ca cau ambon
    jst...

2. ayang ayang gung
    gung goongna rame
    menak ki mastanu
   jst.

3. bang kalima lima gobang bang
    bangkong di tengah sawah wah
    wahai tukang bajigur gur
    jst.

tah perkawis "nu matak nu mawi, hulu butak katinggang awi" nembe ayeuna
terang yen eta teh margaluyu oge. sakitu, punten tos wawanianan
nyanyahoanan... bari jiga hayang katangar haha

nuhun

ua dudi qsep

On Mon, Jul 21, 2008 at 7:40 AM, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Aya deui, ngeunaan numatak jeung numawi, aya margaluyu kieu jeroning
> masyarakat, siga kieu:
>
> "Numatak numawi, hulu butak katinggang awi" (punten ka nu sirahna nuju
> butak, sanes nyindiran atawa ngahina). Eta mah kenging nyutat ti si
> cepot.
>
> ,___
>


------------------------------------------------------------------------
-- 
d-: dudi herlianto :-b
~sok ngawaraduq sugan wé jadi gas bulao~


[Non-text portions of this message have been removed]

Reply via email to