He he he.... Ini tentang "tangtungan leuleus" ya ..... :) Menarik untk dibahas :) Tabik
w <http://www.nagapasa.multiply.com> ww.nagapasa.multiply.com _____ From: SASTRANEGARA THARYANA [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: 24 Juni 2007 23:31 To: silatindonesia@yahoogroups.com Subject: [silatindonesia] Abah Khair Sahabat Silat maaf pakai bahasa sunda, bagi yang mengerti tolong di tafsirkan ke dalam bahasa Indonesia atau Bahasa apa saja yang ada di dunia. Sampurasun. Simkuring kakarak diajar nulis sunda bari jeung salah oge teu nanaon moal era, da ngaku kuring mah bodo, erek diajar medarkeun ieu ilmu "leuleus" jeung elmu "handap asor" ulikan Abah Khair ti Kampung Tari Kolot Cimande. Abah teh cikal bakal penca nu demokrasi, teu mintonkeun feodal dina ngararagakeun eta elmu kanuragan. Naha geuning ari nyatana kakarak oge ilmu teu sabaraha ti ilmu Abah loba jelema sok nyarumputkeun eta elmu seunah mah "rusiah". Padahal Abah tara ngarusiahkeun. Dina soal kapamimpinana Abah dina widang kanuragan teges pisan yen urang sunda dasar nu utamana demokrasi nu tara mindingan elmu disusulumputkeun, da hirupmah kudu sauyunan, sahate silah-asah-asih-asuh. Da abah jeung uyut oge di ajar cara metakeun kahirupan ti para karuhun nu tos langkung tipayun "Mulih Ka Jati Mulang Ka Asal". Ceuk katurunan Abah Khair yen urang sunda nu sok susulumputan tos kapangaruhan ku urang deungeun (contona walanda nu sieuneun ku organisasi penca Cimande), da Abah Khair nu ti Tari Kolot, oge Abah Anom nu ti Tasikmalaya tara nyumputkeun ka bisa malihmah di sebarkeun ka manusa sundasaha bae nu sahate ameh boga pangarti, nu kaharti jeung karasa oge aya nyatana. Ilmumah moal seep nepi ka paeh oge. Carana Latihan Penca. Ceuk Abah jeung Uyut kudu dimimitian tina ngolah awak nu leuleues jiga oray ngagolosor, nepi ka jiga kilat lini abus ka jero bumi. Tah ieu elmu karuhun sunda nu sa enyana, urang mah nu ngora tingal nuluykeun. Ieu elmu sanes ti Abad 17 nu di raraga ku Abah sareng uyut, tapi tos aya timimiti Karajaan Sunda jeung KaSiliwangian nu tos nyangkreung di manusa sunda. Dina cara olah awak nu di petakeun ku Abah Khair sareng Uyut Ursi metodena "ngulinkeun" hiji suku ngagantung hartina kumaha eta naga ngagegel buntutna. Maksadna manusa sunda kedah medarkeun ilmu "rasana" urang sunda dina ngahijikeun hirup sa uyunan nu "sa uyunan sahate" entong silih badug lamun jadi pamimpin jeung rahayatna. Hakekat buntut digegel ku huntu ayana nu kosong tea di raga urang. Tah apan tos teges yen penca / kanuragan nu urang sunda buhun-wiwitan ti para katuhun nu tos "ngajati" / ngahiji da sa hate tea, lain nu urang wetan (contana jiga walanda tea) tu tos dipikaresep ku kabeh manusanu beda-beda bangsa di jagat raya.. Metode Abah Khair teh sareng Uyut Ursi tos jadi picontoeun keur urang salarea. Hiji suku di junjung kaluhur teu ngagunakeun otot-otot suku nu teuras, tangtu alus keur nguatkeun sagala otot tapi leuleus kuat. Di didieu fungsi latihan gerak cepat/kilat kelit ilmu Naga. Ilmu Naga rada sarua hakekatna ilmu leuleus nu mang rupa ilmu hirup keur metakeun bela diri ameh lawan teu bisa ngeunakeun peureupna oge tajong sukuna, sakantenan ngabadugkeun raga wadagna. Meulitna elmu naga hiji pusaka elmu Gusti Nu Yang Manon nu tos di turunkeun ka umatna. Hirupteh supados jiga naga nu leuleus, kudu daek berjuang timimiti sa teu acan gubrag ka dunya nepi ngagoak / ceurik. Da bongan Sang Naga ngabukakeun Liang Surga keur Idajil/Jin / Setan, didieu urang kudu daek menta hampura kanu nyiptakeun sorga jeung naraka. Ilmu leuleus aya dina cara ngahontal "ilmu rasa" ka sakujur badan. Dina ngolah awak ngalatih jati diri kudu "leuwih gesit", dina ngigelkeun awak sakujur leuleus tapi teuras, lain leuleus keuyeup tuluy wae sasarean jadi pamalesan, bahasa kerena "leleson" Ieu penting keur medarkeun jalanna getih nu di jadikeun modal keur ngahirupan sa kujur badan anu badag, nya ari dina rasa badan alus jeung badan wadag tetep ngahiji. Getih teh pusatna keur ngalirkeun liukna awak jiga pusaka naga. Liukna naga sarua jeung leuleusna eta eusi awak timimiti kulit, daging, tulang jeung sumsum. Eta kabeh ngagulung keur metakeun ilmu leuleus penca tapi matih nu di caangan ku Abah Khahir. Mugi Gusti nurunkeun Cahaya pikeun Diri Aing. Lamun ilmu lele matih hartina lamun kapatil ku imu lele pasti maneh karacunan da bongan maneh teu nyaho hartina kulit kuring nu licin, oge jiga belut nu licin. Tah ieu hartina ilmu nu di pedar ku Abah Khahir, bisa murilit kasagala arah kanu rek ngaggangu teroterial taneuh urang sunda ( maksadna keur ngabendung kaum kompeni walanda). Duh Gusti nu Maha Tunggal nu Nu Suci Nu Lemah Lembut, mugi-mugi anjeun "ngahijikeun" ka Ngaing nu welas asih jeung ngasuh elmu nu welas leuleus. Jatina rasa leuleus mangrupakeun cara ngolah badan sakujur kudu hirup , badan wadag sa kujur kudu dirakrak ameh susunan 3 lapisan kulit, 3 gumpalan daging, 365 sambungan ungal tulang, sumsum -sumsun nu jadi aci, jatina rasa keur ngarasakeun sa kabeh kahirupan nu ngagulung dina Jentul Aing. Euweuh Aing moal aya Maneh, euweuh Aing maneh moal Hirup. Cag Guru Yana Persilat USA www.silatpdusa.com. __________________________________________________________ Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games. http://videogames. <http://videogames.yahoo.com/platform?platform=120121> yahoo.com/platform?platform=120121 [Non-text portions of this message have been removed]