Hatur nuhun infona, hoyong pisan nyobian eta cilok gecrot teh. Ieu ge aya info manawi aya nu hoyong usaha cireng di daerah cibinong sareng bekasi mangga sms we ka 08129410015.
Salam Salam -----Original Message----- From: kaing maing <kaingma...@gmail.com> Sender: urangsunda@yahoogroups.com Date: Sat, 4 Sep 2010 14:06:11 To: <urangsunda@yahoogroups.com> Reply-To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] CILOK Gecrot AMANAH abdi teh penggemar cilok, tos sabandung-cimahi ku abdi di puteran, dicobian hiji2.....ngan aya keneh nu teu sreg kanu hate (tapi angger seh seep, heheheh). tapi abdi mendakan cilok nu paling raos (asa uih deui ka jaman SD kapungkur...hemmm). Kieu caritana mah. aya sobat damel di pemkot cimahi, calikna di jl Budi Cilember..ngan ngabbibita cilok weh dina sms teh"cilok ngeunah pisan di Cilember", bakating ku panasaran ku abdi diteang tah cilok teh. Mimitina ku abdi diilikan gerobakna, ieu mah rada beda tukang cilok teh : eta gerobakna bararesih....konsep gerobakna ciga Makanan Waralaba (Franchise), meni sae pisan. Sabab ku bersihna, jajan-na teu nganggo ngemut 2x....lansung weh antri (lumayan antrianna, abdi 15menit)….pas adzan magrib di emam tah cilok the, pek teh....waduh ieu cilok meni raos pisan, cilokna berasa gurih-cakial ku aci (sanes cakial ku campuran nu sanes, beda ieu mah), warnana rada poek-warna aci pokona mah (tanpa pewarna makanan), apal panginteun jaman ayeuna nu dagang teh sok nganggo pewarna makanan, ciga cilok2 ayeuna nu warnana bodas...hiy sieun. Bumbuna nganggo bumbu suuk tanpa campuran nanaon, murni ieu mah...gurih pisan....asa emam cilok jaman bareto....mantep pisan (pan seueur tukang cilok bumbu kacang ge, ngan rupa2 campuranna, aya nu nganggo tepung maizena, aya ku hui, aya ku saos..rupa2lah). ngan hanjakal hp pareum, tadina mah hoyong motret eta gerobak&cilok+bumbuna, meh dulur2 uninga.... J tos rada kaganjel, teras weh netepan magrib ka mesjid Al Falah cilember. panasaran keneh ku abdi disampeurkeun deui eta nu icalanna. diajak ngobrol, kahilir kagirang.pek teh eta cilok teh tos aya 4 tempat saurna di Cimahi teh (naha abdi nembe uninga..heheh), Jl. Budi Cilember (dihalaman tukang photokopi, payuneun SSC), Jl. Kebon Kopi Cibeureum, Alun-alun Cimahi & Komp Puri Cipageran Indah 1. Ngan hanjakal, uninga cilok raos bin maknyus tes mung kantun 2 dinten ayeuna, ngawitan senen ping 6/09/2010 – 19/09/2010 pere dagang….meni nyaah. hargina mirah pisan mung Rp 250/butir, Namina CILOK “Gecrot” AMANAH – Cipageran. Cenah mah nampi pesenan & Waralaba, mun teu lepat nomer teleponna 76726813 Insya Alloh, ku abdi di photo lengkap tah cilok teh…heheh, di bagikeun gambarna (cilokna mah sesah…heheheh) meaken kabungah mendakan cilok raos, pribados bade jajan 2 dinten terakhir yeuh…&mudah2an gaduh rejeki kanggo franchise CILOK Gecrot Amanah Cipageran..amiin. hayu ah urang lestarikeun kadaharan Sunda…