[Urang Sunda] Nepangkeun

2007-09-26 Thread Arien Achyadibrata
Puntenn... Nepangkeun, abdi nembe ngiringan. Nami: Arien Achyadibrata Yuswa : 27 Status : single [pengumuman] hehe Pituin : Bandung - Tasik Lokasi : Jakarta Profesi : Swasta Halah meni lengkap nya.. Upami nomer sapatu sareng nomer bumi mah masih rusiah.. Hoyong kenalan sareng baraya

[Urang Sunda] Re: Nepangkeun

2007-09-27 Thread Arien Achyadibrata
Nuhuunn kang ndoel.. Kela.. Kang Ndoell nya..Hmmm asa tos tepang, asa tos tepang duka dimana, iraha... *naha asa lagu degung nya?* *heheotan* --- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Mangga Neng... > (bari nyolongkrongkeun panangan pangheulana) --

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2007-09-27 Thread Arien Achyadibrata
Duka atuh nya kan Ahmad, duka sabangsaning kembang, duka sarupaning bungbuahan.. Hehe.. Kacida.. abdi disebut koper.. --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Ahmad Sopiani" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Wilujeng Neng Arien, bagea tiasa ngariung di Babakan. > > Sigana Neng Arien tehh sabangsaning kemb

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2007-09-27 Thread Arien Achyadibrata
Kaleresan nomer bumi sareng nomer sapatu saur dukun ulah waka diwartos-wartos ceunah. Pan ngke kedah ngayakeun saembara heula, cik saha-saha anu tiasa terang nomer bumi sareng nomer sapatu arin, upami istri bade diangkat janten dayang-dayang,upami pameget mah angkat nyalira we ah, abot.. Punten ah