Basa poe jumaah kamari sikuring ka Surabaya. Niat rek panggih jeung Wa Tito
anu damel di Telkom Surabaya. Indit teh poe kemis tengah peuting jam 11 naek
embeus ti Semarang. Nepi ka Surabaya teh jam 6 isuk isuk.
Kusabab teu boga niat ti anggangna nya si kuring teh teu kaburu ngontak
babturan nu di Kediri sangkan ngajemput kuring di terminal. Maksud si kuring
panggih jeung Wa Tito nyaeta si kuring di bere ingpo yen aya babturanana anu
ngabutuhkeun karyawan pikeun di kulikeun.

Jam 8 sikuring ngontak Wa Tito anu geus di kantor. Seja nanyakeun si kuring
kudu kamana. Ceuk wa Tito teh Kakantor we, tanyakeun Pak Tito di lantey
tilu.
Singkat carita sikuring nepi ka gedung telkom tempat wa Tito ngantor. Nanya
ka satpam dimana ruangan wa Tito. Si Satpam ngarahkeun si kuring kudu ka
lantey tilu bagean DBS (Division Bussiness service). Sanggeus ngeusian
daftar tamu si kuring hanjat ka lantey tilu make lift tea gening. Ruangan
teh lega ngan aya tilu pasang sofa pikeun tamu atawa maranehna (urang
telkom) dariuk. Teu lila sikuring disampeurkeun ku saurang bapak2 anu
taksiranmah umurna kakara 45-an taun. Teu nyangka yen eta si bapak teh anu
ngarana Wa Tito.....
Sanggeus ngobrol rada lila sikuring diajak ka kantor babaturanna anu
ngabutuhkeun karyawan tea. Perjalanan kira kira 15 menit make mobil wa Tito
anu Avanza kelir hideung tea. Di perjalanan sikuring nanya umur wa Tito.
jawabna :" tilu taun satengah deui Uwa teh  pangsiun". Rada kaget sikuring
ngadengena. gening si Wa Tito teh meureun geus leuwih ti 50 taunan lamu
kitumah. Da di BUMN mah mun teu salah umur pangsiunan teh 56 taun-an. Tapi
ditinggali tina dedegannana si Wa Tito teh masih ngora jeung enerjik.

Cag ah ke di tuluykeun deui....

Reply via email to