Kula nu ngahandeuleumkeun sakabeh sesa

 

Mun
     Siliwangi aya keneh dikieuna,

moal aya nu
nyarita asa pang enyana,

geus puguh
seratan dina leungeun maranehna,

ukur reka-reka
jalma nu nulis jaman ayeuna. 

 

Kula nu
ngahandeuleumkeun sakabeh sesa,

rek
dijagragkeun dina mangsana,

naha
bet kareukeuh asa nu boga? 

Matak
diseungseurikeun kunu ngadengena. 

 

Kula nu nyaho
di kubur di mana,

sakabeh carita
Siliwangi salila hirupna,

dijaga diriksa
nepi ayeuna,

ngarah teu
dirarobah jiga nu aya dina leungeun maranehna. 

 

Watir teuing
jalma nyenyekel lain nu enya,

bagja teuing
jalma nu ngudag nu enya,

dina mangsana
maranehna bakal kuciwa,

diwadulan ku
nu lian teu karasa.




      

Kirim email ke