baraya kusnet nu karasep (sawareh) jeung gareulis (nu ieu sadayana) ieu
aya buku anyar, ngeunaan arsitektur Sunda

judul: Menelusuri Arsitektur Sunda
ukuran: asana 16 x 28 (teu ilahar)
nu nulis: Purnama Salura
editor: anwar holid
pamedal: PT Cipta Sastra Salura
taun medal: 2008


buku ieu diangkat ti disertasi Purnama Salura di program pascasarjana ITB,
asana taun 2004. Purnama Salura teh dosen jurusan Arsitektur Universitas
Katolik Parahyangan (Unpar). judul asli disertasina mah Dinamika Perubahan
pada Arsitektur Sunda di Priangan, (ditambah studi kasus tilu kampung di
priangan). kusabab disertasi, tangtu rada beda jeung buku-buku nu ngabahas
arsitektur Sunda nu geus aya, hasil panalungtikan nu sipatna proyek nu
kalolobana leuwih condong ka model deskriptif wungkul.

buku ieu di awalna, pinuh ku teori canggih arsitektur, kaasup pamikiran
filsafat nu mere pangaruh ka arsitektur. cara strukturalis Levi-Strauss
atawa Saussure, poststrukturalismeu, fenomenologi Husserl, modernismeu,
postmodernismeu. tangtu teori-teori ieu rada aheng aya dina buku nu
ngabahas arsitektur (tradisional) Sunda. dina buku ieu, model
strukturalismeu nu dipake pikeun ngabahas arsitektur sunda, nu cenah
dielaborasi ku make konssep ti budaya lokal, nya konsep patempatan,nyaeta
wadah jeung tempat.

sanajan di bab awal aya macam-macam pamikiran canggih, kajerona mah,
henteu,tapi make konsep lokal patempatan (wadah jeung eusi tea). cara
konsep "lemah-cai",  "luhur-handap", "wadah-eusi", "sineger-tengah" jeung
"kaca-kaca". studi kasus di tilu kampung antik Sunda, cigenclang-asana di
subang kitu, palastra di majalengka jeung kampung tonggoh di cilaut garut
kidul. aya deui hasil survey soal pangaruh atawa kabiasaan nandran (jarah
ka makam), uga jeung pamali di tilu kampung eta.

konsep "luhur-handap" kapanggih aya di kampung-kampung eta. cara makam
atawa imah kuncen, ditempatkeun di lahan nu leuwih luhur, di pasir, sabab
luhur hartina leuwih mulya, jsb. teu dipatalikeun jeung kosmologi atau
kapercayaan lokal, ngan harti sacara umum. konsep "kaca-kaca" dihartikeun
bates atawa wates hiji tempat jeung tempat sejen. cara komplek makam,
dipisah jeung paimahan oge kebon atawa sawah. di imah, konsep "kaca-kaca"
atawa wates itu kaciri dina ayana rohangan lalaki (tepas) jeung rohangan
awewe (dapur+goah). konsep bates di imah mah ngalahirkeun rohangan wates
eta, nyaeta rohang tengah jeung enggon.


Buku ieu jilidna hideung. format ukuran siga buku menu di cafe. rada
kurang ngeunaheun dibaca, da ongkoh tulisanana rada leutik jeung font nu
ipis. ari kertasna mah kaitung mewah, glossi, bari hanjakal teu aya foto,
ngan ukur gambar make CAD. padahal mah da buku ieuh, mun make foto-foto
imah atawa perkampungan tilu kampung eta, lingkunganana (sawah, kebon,
jsb) bari jeung berwarna da bukuna kaitung mewah, wah sugema pisan 
macana. dina disertasina mah aya lampiran foto2. hanjakal na bukuna mah
euweuh. padahal buku mah kudu leuwih narik tibatan disertasi.

aya deuih data nu kurang presisi. dina buku eta, oge dina disertasina,
disebutkeun yen imah di kampung kuta ciamis ngan nyesa belasan. belasan
mah kurang ti dua puluh. duka nu nulis pernah datang atawa henteu ka
kampung kuta. da  basa uing ka dinya, taun  2007, cek kang Karman,
minangka pupuhu adat kampung kuta, oge dina peta kampung kuta di imahna,
aya 112 imah, wargana 300-an jiwa.  saacan ngabahas tilu kampung pikeun
studi kasus, memang dirinci heula kampung tradisional sejen pikeun
nangtukeun alesan dipilihna tilu kampung eta.

istilah "sineger tengah" sabenerna kecap kadua atawa sakapeung ceuk kang
Ajip Rosidi mah (dina Babasan jeung Paribasa, kajembaran basa Sunda,
kiblat buku utama, tauna poho). kecap baku mah "siger tengah". hartina nya
moderat atawa nyieun sagala cara di tengah.

leupas ti kakurangananana, buku ieu pantes dihargaan (teu apal sabaraha
hagrana di toko), sabab kahijina, nya nalungtik arsitektur sunda ku cara
nu beda ti nu geus aya, bisa nambah kabeungharan literatur kasundaan.
Kadua, nempo pamedalna, cipta sastra salura, sigana dipedalkeun sorangan.


mj

http://geocities.com/mangjamal
http://mangjamal.multiply.com





Reply via email to