Lawan Politik
Dipipir, digigireun kandang munding mitoha jeung badegana nu ngarana Ocim keur 
ngajaranteng, teu kungsi lila kadenge sing gereneng ngaromong. Kuring nguliwed 
nyumput ka tengah tengah rungkun cau.
"Cim kami nek nanya ka silaing, tapi moal tarik teuing nyaritana bisi 
kadengeeun cakcak bodas!" sungut Mitoha mimiti uab,sikasebelan nyabit nyabit 
cakcak bodas deuih,ngareken kuring cakcak!
"Cim kumaha, poster, sepanduk jeung baliho teh geus dipasangkeun?" Mitoha 
nuluykeun omonganana.
"Parantos juragan, ngan eta poto nu disisi lembur kumis juragan anu baplang 
dirobah ku sepidol jadi ngaplek, pipina oge dibuleudan hideung lir tompel!"
"Sibangkawarah, moal salah deui pasti manehna mangkelukna!" Katingali huntu 
mitoha kekerot awahing ku ambek, kuring serengeh rumasa.
"Sawareh deui dipasang dimana?"
"Poster,baliho,sepanduk sareng umbul-umbul sanesna dipasang di sawah agan anu 
dua hektar tea, Juragan!"
"Na make dipasang disawah kami?"
"Ih pan meh nandakeun, juragan nyaah ka para patani,salangkungna mah pare 
juragan nu keur sumedeng beukah aman teu kaserang manuk bondol, da sieuneun ku 
poster jeung umbul umbul, Juragan!"
"Nya poto kami pikasieuneun kitu?"
"Ah mangga we ngeunteung nyalira, bilih disangki pitnah ari dipokeun mah!"
"Ari kalender geus dibagikeun?"
"Parantos!"
"Ari endog?"
"Na los los ka endog, Juragan!"
"Eh heueuh, pan endog mah loklokeun kami, terus ari persiapan kunjungan ka 
kampung Cucungik kumaha?"
"Parantos saratus persen siap juragan,jalan nu lalogak parantos didempul, 
malihan meriah pisan salian umbul-umbul, poster, sareng baliho poto juragan, 
aya deui sepanduk pamapag anu eusina "Selamat Datang Para Pengumbar Janji" 
"Sikasebelan, geuwat jojoet !"
"Eta ge parantos juragan, ngan jol deui jol deui malihan tambih seueur!"
"Si Enjum bangkawarah, pasti manehna deui mangkelukna!" Kuring serengeh deui 
asa ku pedo ningali mitoha ngambek teh.

"Manggeus ah, kami nek rapat partey heula, engke mah mun laporan kudu nu 
ngeunah kana hatena!"
"Diestokeun pisan, Juragan!"

Leos dua-duana arindit ninggalkeun kandang munding, kodoyah kuring kaluar tina 
rungkun cau terus muru kandang munding, luak lieuk ngenca ngatuhu, suwung 
euweuh nu nangenan. Lakadalah kasempet yeuh!
[nu peryogi buku humor sunda "keom sakedap" tiasa dipilari digramedia bdg 
sareng di books city dimana wae ayana]

Reply via email to