Wilujeng Siang.

Sim kuring katitipan ku rerencangan ti RMI (RMI the Indonesian Institut for 
Forest & Environment), hiji LSM nu concern kana widang konservasi leuweung nu 
parantos medalkeun buku nu judulna "Nyanghulu ka Hukum, Nyanghunjar ka Nagara. 
Sebuah Upaya Masyarakat Cibedug Memperoleh Pengakuan"

Komunitas adat Kasepuhan Cibedug salami ieu kirang dipikawanoh ku balarea, 
henteu sapertos Kasepuhan Ciptagelar nu sami-sami pakumbuhanana ayana di 
sabudeureun Taman Nasional Gunung Halimun - Salak (TNGHS).  Langkung ti kitu, 
wewengkon Kasepuhan Cibedug oge ngawates pisan sareng urang Kanekes nu tos 
kenging pangakuan salaku masarakat adat ti Pemda Kab. Lebak ngalangkungan Perda 
No. 32 Tahun 2001 tentang Perlindungan Hak Ulayat Masyarakat Baduy.

Dina buku ieu dicaritakeun kaayaan Kasepuhan Cibedug dumasar kana panalungtikan 
aktivis RM, ti mimiti wates wewengkonna, topografi, sajarah katut titinggal 
karuhunna (situs Cibedug/candi Cibedug), kagiatan tur tradisi masarakatna nu 
masih keneh mikukuh tali paranti, saperti prak-prakan ngahuma jeung tatanen 
sawah katut upacara serah taunna, sarta papagon (falsafah) adat nu lumaku di 
wewengkon adat pikeun ngawujudna kahirupan nu ngahiji jeung alam sabudeureunana.

Dibejerbeaskeun oge ngeunaan hukum positif atawa perundang-undangan nu tangtuna 
pakuat-pakait jeung masarakat adat katut hukum adatna, utamana masarakat nu 
nganjrekna di leuweung.  Diebrehkeun oge kamungkinan ngawujudna Kasepuhan 
Cibedug sabage masarakat adat nu diaku ku nagara (pamarentah) sangkan maranehna 
teu dianggap jalma nu ngarambah (ngagadabah) leuweung di kawasan TNGHS.

Sanajan buku ieu diserat nganggo Bahasa Indonesia, tatapi seueur istilah, 
papagon, tur piwuruk sesepuh adat nu dicutat dina Basa Sunda, nu tiasa 
negeskeun yen urang Banten Kidul teh masih keneh seke seler Sunda!

Cindekna, buku ieu cocog pisan pikeun nu mikaresep kana kajian antropologi, 
sajarah, arkeologi, Hukum positif vs Hukum adat, aktivitas LSM, konservasi 
leuweung, jeung tangtuna kaayaan kahirupan kisunda di pasisian.

Pikeun nu bade ngersakeun ngagaleuh buku ieu, tiasa ngajapri ka sim kuring, 
atawa ngaSMS ka 08121112982.  Pangaosna Rp. 25.000,- per eks. ditambih ongkos 
kintun Rp. 4.000,- per eks. kanggo wilayah Jabar, DKI sareng Banten.  Naurna 
tiasa ngalangkungan BCA No. Rek. 7360070276  a/n RINI WIDOWATI.

Sakitu nu kapihatur.
Hatur nuhun kana perhatosanana.
Baktosna,

pun Hendra

       
---------------------------------
Get easy, one-click access to your favorites.  Make Yahoo! your homepage.

Reply via email to