Sampurasun Mudah-mudahan, mung ukur Propaganda, ulah enya kajadian eta teh. simkuring rada reg-reg ayeunamah
nuhun ah Rampes baktos Agus Wirabudiman ----- Original Message ----- From: oman abdurahman To: kisunda@yahoogroups.com Sent: Friday, December 22, 2006 10:37 PM Subject: Re: Ny. Muslim binti Muskitawati.---> Re: [kisunda] Borobudur mau dibongkar Bener kang Kumi, lamun awewe mah kuduna "muslimah". Ngan, memang, satukangeun binti umumna ngaran lalaki. Tapi, dina dunya konsultasi ka ajengan, upamana, sok aya oge ajengan anu menta ngaran indung pasen satukangeun binti. Teu nanaon, da ari harti binti teh eta sarua jeung "anak awewe ti....", anu, "ti" ieu bisa diteruskeun ku aran bapana, bisa oge aran indungna, sabab anak mah produk duaan, indung jeung bapa. Ngan nyakitu, teu umum tea. Ala kuli hal, sigana, sakali deui, "analisis isi" teh memang penting keur nganilai saha satukangeun anu nulis. Mun dina hadist mah analisi matan alias eusi hadist. manAR On 12/22/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > kuring mah kataji ku ngaranna anu matak 'kayungyun'. Ongkoh nyonya, tapi > ngaranna 'muslim' (galibna mah dipake ku lalaki), lain 'muslimah'. Geus > kitu > ditambahan deuih 'binti Muskitawati', padahal geus puguh di tukangeun > 'binti' mah nu naplok teh ngaran lalaki anu jadi bapana, ari ieu... bet > '----wati'. > > On 12/21/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]<resoma%40bdg.centrin.net.id>> > wrote: > > > > Nu nulis soal "Borobudur arek dibongkar", aranna (samaran) Ny. > > Muslim binti Muskitawati. Manehna nulis ieu dina millis mediacare, geus > > rada > > lila, meureun aya kana sabulan katukang mah. Upama dibaca saliwat mah > siga > > > > nu heueuh bener, manehna nyebutkeun sumberna tina koran Suara Merdeka. > > Tapi > > sanggeus dicek dina website koran eta, wartos eta teu aya. Kitu deui di > > website koran Rakyat Merdeka, bisi manehna salah nulis aran koran. Ny > > Msulim > > binti Muskitawati teh ukur ngabohong wungkul jeung mapanas batur. > Karunya > > Bupati Magelang teu puguh-puguh pada nyarekan ..... > > > .