Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik gilang_tresna
Meser kanji jeung mantega diembohan ku peremen Duh Kang Panzi geuning tega bet miwarang baramaen.. Ki Adi rek jalan-jalan Wa Haji kalah nyauran Mun abdi namprak di jalan Kang Panzi kedah maturan..:P *Gilang* = --- In

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik E_Ruska_Nugraha
he he...ieu teh gilang sareng kang panji mani edun euy, sok kempelkeun teras kintun kaabdi urang lebetkuen ka web kusnet. mangga teraskeun @ERN --- gilang_tresna [EMAIL PROTECTED] wrote: Meser kanji jeung mantega diembohan ku peremen Duh Kang Panzi geuning tega bet miwarang baramaen..

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik @@ Ifan
heu heu heu... eta tuda kang eko, teh gilangna teu ngelehan wae... janten we kateterasan, keun we lahhh etang2 hiburan... leres teu teh gilang...??? :D Panzi jalan jalan ka derenten ngaliwatan tanjakan emen sanes janten baramaen tapi janten tukang ngamen.. hehehe.. lebaran muru kakaren

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-22 Terurut Topik gilang_tresna
Heu..heu..manawi teh Kang Kuncen teu merhatoskeun..:) Muhun Kang Panzi, etang2 hiburan we ieu mah. Mangga ah nyanggakeun..:D Mang Emen mulang ti pasar cenah tos ngajual sapi Ngamen ulah nganggo gitar mending oge ku kacapi#12288; Ma Haji aya ku bageur nganteur abdi ka Cileunyi Kang Panzi

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik gilang_tresna
Nu jangji teu aya mulang matak paur nu miheman Kang Panzi abdi ongkosan ke ditaur ku Wa Oman..:D Kang Adi kasep tur gandang mikat ati nu ningali Abdi sanes tukang dagang taya bakat jual beuli *Gilang* http://www.senandungbunda.4t.com

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik @@ Ifan
budakceurik kokosehan hayang meuli momobilan sanes alim abdi ngongkosan artosna teu acan diguntingan make anting dina ceuli dibebener dihade-hade taya bakat jual beuli kumaha mun guda gade... hehehe.. Panzi - Original Message - From: gilang_tresna Nu jangji teu aya

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik gilang_tresna
Uwa Haji pulang anting cenah mah rek meser kaos Kang Panzi tong guntang-gunting artos receh ge sawios..:D Ceu Ida bade ka mana geuningan nunungtun kalde Guda-gadena ka mana di dieu taya pakgade..:P *Gilang* = --- In

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-21 Terurut Topik @@ Ifan
rel kareta make panahan kumaha mun di aspalan Pami teh gilang palay recehan tinggal namprak di sisi jalan... heuheuheu... (punten ahhh heureuy...) ceu ida nungtung kalede kalede warnana belang mun teu aya tukang gade kumaha pami dilelang... :D Panzi - Original Message -

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-19 Terurut Topik @@ Ifan
bandros tutung warnana hideung hanjakal teu diminyakan hawatos kanu keur nineung hanjakal teu bisa nulungan kembang malati kembang eros rupi-rupi nami kembang pami teh gilang teu gaduh artos poma ulah ngajual jepang hehehe... - Original Message - From: gilang_tresna

Re: [Urang Sunda] Beja keur urang Sumedang (sisindiran)

2005-03-18 Terurut Topik gilang_tresna
Samping hideung ti Sumedang diampihan dina palang Kuring nineung ka Sumedang hanjakal teu bisa mulang Samping dina luhur palang kalah diompolan beurit Si kuring teu bisa mulang lantaran teu boga duit :D *Gilang_Sapporo:)* == --- In