Kang Eddy damang kulan? Leuh tos lami yeuh tacan nampi terasanana. Di antos 
Kang Eddy ke pami lengkep panginten nembe tiasa urat seratanana, ayeuna mah 
sidakep we nungguan terasanana bari moal wantun tatarosan.

baktos,
JP

 
Makarya Mawa Raharja




________________________________
Dari: Eddy Nugraha <eddynugr...@gmail.com>
Kepada: kisu...@yahoogroups.com; urangsunda@yahoogroups.com; 
baraya_su...@yahoogroups.com
Terkirim: Sel, 30 Maret, 2010 12:26:33
Judul: [kisunda] Haji ka KABUYUTAN Atuh!!: meh Jadi HAJI di Pakuan SORANGAN (I)

  
Kalam kasundaan no 41

Kecap petingan  Haji, kabuyutan, thawaf, nyusuk, kafir

I. Adeg-adeg

Haji harti asal kecapna ngadeukeutan/ ngadatangan/ ngade
uheusan, ari kabuyutan maksudna tempat 
suci.  Jadi haji ka kabuyutan  hartina ngadeukeutan/ ngadatangan tempat 
suci atawa ‘pilgrimage’,  ‘journey to a holy or special significance 
place’.  Kongas  nepikeun ka di bukukeun di filmkeun di cina jaman 
dynasti Tang aya carita haji ka kulon…‘pilgrimage to the west’ nyokot 
kitab suci budha ku jalan leumpang/ngadeukeut an ka vulture’s peak di 
rajgir India…. Cenah, di Indiana 13  taunan lilana, malah mah mun 
diitung jeung dijalan bulak balikna mah nepikeun ka  17 tahunan 
(629-646M). Ari balik Monyet ge (Sun Wu kong) manjing Budha ‘budhahood’. 


Ari di Islam – nu jadi domain kecap- Haji ka kabuyutan (sok sering 
disebut Haji mungkul /Al Hajj) … nya ngadatangan ka’bah (Mekah) jeung 
sabudeureuna (Mina, Mudzalifah, arafah)  ngan waktu didituna teu lila 
teu sing ukur sababaraha poe. Baheula mah dijalan na mungkul nu lila, 
ayeuna mah bulak balik teh ukur mimingguan. Ari balik saha wae oge 
disebut (digelaran) HAJI, meureun supaya boga pangaji  manjing Haji 
tuluy. Da ari hayang ngaran mungkul mah teu kudu ka kabuyutan di mekah 
cukup indit ka pasar make kopeah/dikudung tuluy siga rek balanja…salila 
dipasar moal burung disebut Haji oloeun tukang dagang. 

Dina babasaan di sunda sapopoe, kecap Haji ka Mekah jeung sabudeureunana sering 
oge diganti ku kecap jarah (jarah hartina ngadatangan deuheus ka hiji tempat 
sababaraha waktu terus balik deui). Jadi lamun aya nu rek 
Haji sok nyarita na teh ‘nyuhunkeun pidu’ana ti sadayana sim abdi  bade 
jarah ka tanah suci’ atawa ‘….bade jarah ka Mekah’. Ari kalolobaana 
kecap jarah dipake pakeun pagawean ngadatangan maqom hal ieu teh sigana 
sabab di Masjidil haram ka’bah aya maqom nyaeta maqom Sang Khalilulah 
Ibrahim as nu dicirian ku dua tapak suku kawas dikabuyutan Sang 
Purnawarman jeung Rahyang Wastu kancana.

Tapi,  jarang- malah asana mah can pernah manggihan- aya nu rek nohonan 
ibadah haji ka Mekah nyarita, “nyuhunkeun pi’duana, abdi bade haji ka 
kabuyutan (padahal ka’bah teh kabuyutan tempat/tanah suci); atawa 
sabalikna, nu rek ngadeuheus ka kabuyutan nyarita..” nyuhunkeun 
pi’duana, abdi bade Haji ka kabuyutan…(padahal ngadatangan teh haji)”. 
Dina ngomong na ge tangtu loba nu nyalahkeun.

Naha???  padahal harti kecap mah sarua wae. Nu beda saukur nu hiji kecap sunda 
nu hiji kecap arab. Tempatna nu hiji di sunda nu hiji di arab. 
Diskriminasi gunana kecap ieu geus lila kapanggih sabab sikep urang 
sundana sorangan nu sok nganggap leuwih bener/alus make kecap batur 
tinimbang ngagunakeun kecap sorangan. Alesan ieu tangtu gampang 
disalahkeun –salah sahijina –ku argumen yen beda soteh sabab beda 
realmna beda prakprakanana beda tujuanana jeung utamana beda 
kayakinana/kapercay aanana. 

Tapi,… naha enya  kawas kitu sababna???? Yakin???

Tulisan ieu rek nyoba nganepikeun ngeunaan haji ka kabuyutan nu 
ditepikeun di luhur bari ngawatesan maneh museur kana naon nu kapanggih 
di sunda jeung di islam nu kaharti ku sunda.


II. Kabuyutan di sunda jeung di Mekah


Kabuyutan nu aya di Mekah, mimitina dicirian ku batu (wana hideung/hajar 
aswad), wangunan mandala (pasagi/ka’bah)  jeung  Cinyusu (jam 
jam),…bangsa Arab (turunan Semit) percaya pisan batu teh suci jeung 
ngabogaan kakuatan/barokah nepikeun ka  sok dicium saking ‘ngahurmatna’ 
sikep kieu teh (nyium hajar aswad) tuluy diteruskeun nepi ka Islam 
ayeuna. Tangtu geus pada nyaho kabuyutan di bakah ieu heubeul pisan 
ayana, malah ceuk beja Agama mah, didamelna ngawitan ku Khalifatullah 
Adam as,…tuluy diadegkeun deui ku tedak Ur Babylon nu ngababakan di 
mekah Sang Khalilullah Ibrahim as miwah Putrana Isma-EL as. Bandingkeun 
jeung di sunda nu nurutkeun dulur ti kanekes mah luluhur sunda teh sami  buyut 
Adam : kabuyutan teh mangrupa mandala2 pasagi, aya cainyusu2 
jeung Batu2…urang sunda ge percaya batu boga kakuatan /barokah contona 
sok dijadikeun lingga puseur mandala oge jadi batu 
panayogean/pamangko nan.

Ngeunaan tempatna kabuyutan di mekah aya di hiji lengkob nu di 
kurilingan ku sabaraha pasir nu ngahalangan pangaruh langsung sagara 
keusik, di sunda ge kabuyutan teh sanajan aya di pasir tapi tara di 
puncakna pisan saukur di mumunggangna jeung sok kaliung ku pasir-pasir 
sabudeureuna ngajaga pangaruh langsung hawa ti luar.

Saatos jaman Islamna Sang Khalilullah ciri di Bakah teh nambahan ku 
ayana Maqom Ibrahim nu ditandaan ku dua tapak suku; di kabuyutan sunda 
ge aya tapak2 suku nu lumahingna,…. Tuluyna dijaman Islamna Sang 
Khataman Nabiyyin  nu ngangken milatul Ibrahim di sabudeureun kabah 
diadegkeun tempat shalat-masjid al haram…kadieunakeun di sunda ge 
sarua,… dimasjidan (nu panungtung ieu mah kaciri pisan pangaruh ti 
arabna (Islam-Muhammad) .

Lobana wanda nu sarua kieu teh nepikeun ka sering ti babaheula keneh 
keur nu resep susundaan sok ngadu renyomkeun saha atuh sunda teh 
saenyana, islam henteuna sunda saencan islam Muhamad, mana nu heula 
islam teh di sunda atawa di arab, jrrd. Komo sanggeus beja ti Prof. 
Arysio Santos sumebar mah –Atlantis: The lost continent finally found – 
cenah atlantis teh ayana di sunda (besar+kecil)  beuki wae kahucuhkeun 
pakeun neangan jati diri. Sanajan kitu, pakeun kapentingan ulikan 
kapribadian mah nu kitu teh lain hal nu kudu digegedekeun  katimbang teu pati 
guna sabab loba nu antukna saukur jadi marebutkeun balung bari teu dihakan 
tuluy agul ku payung butut, nu leuwih penting mah–nu dihanca  
ieu tulisan-  kumaha ngahartikeun, ngarasakeun, ngabuktikeun jeung 
makena warisan luluhur nu luhung tur mulya ieu teh (luluhur hartina 
generasi saencan urang ayeuna)  supaya hasil hese cape  aranjeuna 
-kalebet kanyaah asihna luluhur anu mulya Sang Rahmatan lil alamin 
kapungkur teh- mantes di sunda ayeuna …sunda  jadi pantes …sunda aya 
hargana deui.



III. Haji ka Kabuyutan di bakah


Haji ka baitullah  teh rukun Islam..pilar poko pakeun  muslimin nu 
mampuh migawena, Ieu haji teh wajibna  dipigawe sakali Saumur hirup.

Sangges miqat, haji dipigawe ringkesna kawas kieu:  ihram lillahita 
a’ala, thawaf (ka hiji) 7x ngurilingan mandala ka’bah 
(mandala=ka’bah= pasagi) dipasieup ku sa’I-;  geus kitu, saencan migawe 
thawaf 7x nu kadua (al-ifadha) jeung sa’i nu ka 2 migawe  mabit (mina) 
wukuf (arafah) jumrah (mina) heula;  tuluy balik deui ka Mina (jumrah) 
karek we  thawaf7x ka tilu nu panganggeusan (wada) bari teu perlu sa’I 
deui. Terus balik..ninggalkeun kabuyutan.

Tawaf 7x salila haji nepi ka 3 balikan bari ti ka1-ka 2-ka 3 teh si jiwa nu 
keur haji nambah  ‘improve’  sab kapasieup ku hikmahna susah cape 
tapi wekelna  sa’I,  nyaruakeun maneh jeung  batur wuquf,  maehan setan 
nafsu – jumrah,  mencit sato (tingali qurban dewek),  can cukup keneh 
(ditingkatkeun deui) maledog setan deui  di mina,  sageuy ari nista maja utama 
mah teu matri teu tapakan. Singgetna, sacara proses thawaf ka 
hiji nyobaan ngalalanyah, tuluy di update jiwana di ka 2, update deui 
memeh balik pigawe deui  thawaf supaya matri sakinah di baitullah.

Bijaksanana sang mursalin ngagelarkeun ajaran pangparatan hakekat, 
hartosna, nuturkeun talapakan Ibrahim ieu teh di sareatan ku cara cara 
nu ninggang kanyataan hakekat. Hakekat nu kudu jeung bisa kahontal ku 
masing masing tangtung  boh dikabuyutan boh sanggeus balik deui ka 
lemburna sewang sewangan ka pakuwuan na sorangan mawa bekel pikeun wekel boga 
pangaji Haji di kabuyutan.

Haji ka baitullah di mekah mah ngan sakali (wajibna) haji ka kabuyutan 
sorangan mah Saumur umur saendeng endeng da deukeut mawa bari milu 
kababawa.

Kajadian thawaf teh ninggang hakekat kanyataan dina  awak. Kieu geura:


IV. Haji ka Kabuyutan di Tangtung 

Salian ti aya di Mekah baitullah teh aya di tiap jelema , nyatana, 
hatena  bisa jadi kabuyutan asal nepi ka pangkat mu’minin  kongas “qalbu 
mu’minin baitullah”.

Mu’minin hartina nu iman ari iman nyatana nur (sunda) nu dipasihkeun ku 
nu maha hirup ka nu daek aslamtu (islam) nyatana sumerah pasrah ka 
mantena. Iman mah rasul ge teu tiasa masihan komo guru resi ajar ustad 
kiai syech jeung sajabana  eta mah –iman- hak nu maha hirup mere jeung 
teu merena. 

[Matak ulah gampang ngaku geus iman (mu’min) nurutan urang arab baduy… 
..era ku nu moncongok. 
iman the ni’mat nu pangede gedena….ngaku mah cukup muslim (sabisana) weh bari 
terus neneda sing kapasihan iman nur sunda nu maha suci. Can 
tangtu nu geus ngaku muslim meunang iman jadi mu’min].

Ngan, sabab aya jangjina Ar Rahman nu Maha suci lamun enya enya aslamtu  bakal 
dipasihan iman nu mangrupi nur sunda rukun (islam)na kudu enya 
enya dipigawe…..nyatana  (nu ka lima)  Haji ka kabuyutan deuheus ka 
baitullah.

Deuheus ka hate nu nyunda caang (qalbu mu’minin baitullah) bisana ku 
thawaf museur keun maneh; 

Pancegan  ihramna, tuluy  munajat: denge nu lain  salian ti itikad hate 
teu didenge, deuleu salian ti kana hate teu di deuleu ucap salian ti 
gerentes  itikad du’a hate teu diucapkeun ambeu dieuweuhkeun; dua mata 
teu dipake neuleu dua liang irung teu dipake ngambekan dua liang ceuli 
teu di pake ngadenge liang sungut teu engab 7 lawang kadunya 
nutup…mateni patang (opat) perkara (pangdenge pangdeuleu pangangseu 
pangucap) angilo/ maca/ nimbang/ museur kana paesan tunggal…  malikeun  
peta latipah   ti talab ka qalbu ngaliwatan ruh sir nafi kahfi akhfa,  
unggah  alam ti insan nu kamil, ka ajsam misal arwah wahidiyat wahdat 
ahadiyat di taratas disaliksik… ti amarah ka salwiyah ka lawamah ka 
mutmainnah ka rodiyah ka mardiyah ka kamilah (thawaf muter ngalawan 
putaran jam –malik malikeun deui alam nu kajamanan) make cai caina  
kahuripan kajayaan kawedukan kinasihan darma menceger anjlog ka (ci) 
paingan… 

lamun kaffah museur buleud  nya tangtung masagi  tubadil, munggah haji, 
naek, asup, ka alam sunda alam nur alam malak alam para hyang. Nyata  
geura naon nu kapanggih  waktu keur  thawaf di baitullah di mekah SARUA 
jeung keur thawaf kana/dina hate nu geus caang –kapasihan caaang ku nu 
maha suci,

waaaah maenya?....bener kitu?....mana buktina?.... .

urang saeutik bukakeun sababaraha lalangsena:

(bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng)
 

Kirim email ke