> From: Roza Rahmadjasa Mintaredja
> mari kita hayu ningali ka kaler
> tapi titincakan kidul....

Kakara tiasa ngawaler deui, kamari 3 dinten nganjang heula ka lembur Bah 
Abas Amin. Leres Bah Oza, titincakeun pan tetep we di kidul da moal 
kamana-mana hehehehe

Indit ka Balikpapan teh maleman inagurasi Obama. Kulantaran rek indit subuh 
ti Bandung ka cengkareng, jam 10 kuring geus sare, jadi teu lalajo. 
Kabeneran babaturan mah lalajo. Cenah ceuk babaturan Obama dina pidatona 
salah sahijina nyigeung urang Amerika kudu ngudag kamajaun pendidikan jeung 
panalungtikan di Cina jeung India. Rada kaget oge, Amerika kudu diajar ka 
Cina jeung India? Babaturan kuring nyebut, Cina teh luar biasa, dina waktu 
sakeudeung, kamajuanana luar biasa, tingali we kumaha Cina bisa nempatkeun 
manusa di ruang angkasa. Hal nu tadina mah monopoli Amerika jeung Rusia (Uni 
Soviet). Kitu Deui India, sanajan acan kungsi nempatkeun manusa ka ruang 
angkasa, tapi kamajuan sains jeung teknologina oge luar biasa.

Amerika rek "diajar" ka Cina jeung India, kumaha  urang Indonesia? Heuheuheu 
.....tadi isuk-isuk kuring meuli lampu senter emerjensi teu make batere, 
ukur "dikompa-kompa" ku leungeun, dina dusna aya tulisan "buatan Cina", 
murah ngan Rp, 10.000.-

Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke