Haturan kang Rezza,damang?
Sakaterang abdi, Dage teh seueur di daerah kuningan timur.didamelna tina kacang taneuh anu diolahna digiling ngango gilingan kapungkur dipeures minyakna sangkan kacangna heunteu ngabareundul.tera dipres sami nganngo alat2 jaman baheula nu masih manual diputerkeun ku duaan,ngan duka ayeunamah.Teras nganggo ragi? upami teu lepat dipeutingkeun heula.Aya dage mulus anu teu di pres aya oge dage anu dipres,biasana kirang raos.Upami dage mulus mah sok muruhpul upami digorang teh mani raos gurihna tina kacang asli.Da abdi ningal ka tempat ngadamel dage waktos  kapungkur nuju alit keneh.kaleuresan caket ka rorompok.Biasana diolahna kanggo digoreng langsung atanapi nganggo tipung/tarigu.Aya oge anu sok dipais nganggo surawung dipeuteuyan sakeudik.Pasti urang kuningan mah apal kana ieu masakan.
Upami di daerah priangan dage teh sok didamel tina hampas tahu,disebatna dage.Ngan di kuningan mah hampas tahu teh sok didamel golono.
Sakitu anu ku abdi kauninga kang...mangga nyanggakeun.
 
Baktos
Ridwan
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke