Dinten Rebo wengi (malem kemis)
sim kuring ditelepon ku Kang Gilang ti Delta FM Bandung, sim kuring
diondang sangkan ngiring ngawangkong dina acara Indonesia Siesta, saurna
mah kedah nyarioseun hal KUSNet, nya mangga we sim kuring nyanggeman,
mangga lah....moal benten sareng....wawancara sanesna.
Acarana Insya Alloh dilaksanakeun dina dinten
Jumaah kaping 21 Juli 2006 siang, tabuh 10.00 dugi ka tabuh
11.30, kukituna ka baraya sadayana nu gaduh waktos mangga setel Delta FM Bandung
dina frekwensi 94.4 FM, ieu acara di relay ku satsion radio
sanesna diantawisna,101.3 FM Simasida Balikpapan,103.5 FM
Yudhistira Bandar Lampung, 96 FM Music Channel
Banjarmasin, 90.8 FM DB Cirebon, 99.1 FM Delta Jakarta, 99.2 FM
Delta Makasar, 102.1 FM Kalimaya Malang,
99.3 FM Delta Manado, 105.8 FM Delta Medan, 105.8 FM SIPP
Padang, 97.5 FM Real Radio Palembang,
103.4 FM Clapita Emas Pekanbaru, 100 FM Primadona Pontianak, 105.1 FM Gema Nirwana Samarinda, 96.1 FM
FeMale Semarang, 98.1 FM Harmoni Serang,
107.3 Karavan Solo, 96.8 FM Delta Surabaya, 103.7 FM FeMale
Yogjakarta, mugi baraya anu aya di kota-kota eta tiasa ngiring
ngadangukeun.
Kumargi ieu acara di relay ku satsiun radio di kota sanes
tangtos wawancara nganggo basa Indonesia.
Hatur nuhun
MSasmita.
- eh aya wartos sanesna, sim kuring bade
ngiring mamerkeun buku-buku Sunda di Aula Barat ITB gawe bareng sareng
Komunitas Lawang Buku (Kang Deni Rachman), ngawitan dinten Jumaah ping 21 Juli
2006 dugi ka kaping 23, pembukaan tabuh 8 enjing-enjing, mung sim kuring mah
moal ngiring tunggon margi nuju rada pakepuk ku cicing tea...he he.., bilih bade
ningalian mah mangga, aya stand buku sanesna.
- Dinten Saptu ping 22 Juli 2006 (malem minggu) di rorompok
sim kuring bade gaduh gawe bade ngaliwet + ngagoreng jengkol sareng ngepak
buku sumbangkeuneun ka Aceh ( gawe bareng sareng Y.Anissa Ind/ Teh Lies Paris),
bilih bade mantuan mangga diantos, aya ketah nu bade ngepak buku mah balad-balad
ti Komunitas Pasar Buku Suci
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
GIL-PROMO SIESTA KUSNET.doc
Description: MS-Word document