Nyutat ti Majalah Walanda,  TIJDSCHRIFT voor INDISCHE  TAAL, LAND EN 
VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872.  Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. 
UILKENS, mangrupa  carita ra’yat urang Ciamis.
   
  NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG (GABUS) KASAATAN
   
  Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut 
sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat.  Kitu deui dahar 
leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka 
potpisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai 
wungkul.  Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu 
enggeus kolot kurang tanagana.  Jadi kahirupanana taya deui ngan tina 
ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké 
nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana.
   
  Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, 
kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék 
nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, 
éstuning nunggul pinang.
   
  Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti 
Alah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, 
pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.
   
  Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, 
sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré.
   
  Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, 
cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
   
  Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, 
bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba 
ulah langlayeuseun teuing.  Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso 
urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun 
walungan gedé.  Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg 
pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga.  Sanggeus nepi kana 
tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi 
deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa 
maju leumpangna.  Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih 
bilahi paéh kasaatan.
   
  Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung 
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu.  Tapi manéhna héran neuleu 
aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé 
pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun 
Alah kuring neda hujan!  Samiun Alah kuring neda hujan!”  Kitu baé omongna bari 
tatanggahan ka luhur.  Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta 
deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana.  Barang geus kira-kira satengah jam 
lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun 
deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég 
awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.
   
  Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari 
ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, 
meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana 
aing  mah rék neda uwang.
   
  Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka 
luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Alah kuring neda uwang! 
Samiun Alah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték 
kacida panedana ka gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.
   
  Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, 
ku sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna 
éta nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini 
téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal 
enya Alah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur 
ngala suluh, ngala daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung deui; lamun 
manéh henteu beunang di carék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka 
imah aing.
   
  Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong 
nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna.
   
  Bareng geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida 
garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya 
éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh 
sarta dipékprékan, supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka 
nini-nini téa, sina di nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan 
nyeurieun ditinggang tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong 
kitu-kitu deui.
   
  Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, 
tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna 
nininini téh kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung 
ngadungkuk kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Alah.
   
  Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget 
atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu 
dikarungan téh tétéla pisan yén beling.
   
  Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun 
Alah! Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya 
kénéh nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan 
éta beling kabéh jadi duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha 
gedéna baé aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.
   
  Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta nini-nini meunang bagja 
boga duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka 
dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal 
purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di 
kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun 
lembur imah, katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu 
kinten-kinten.
   
  Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah 
alus budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka tulung  ka jalma-jalma 
nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun kadirina basa keur 
malarat kénéh.
   
  Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu 
éta nini-nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna.  
Geus kitu boga niat hayang nurutan.
   
  Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini 
téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit 
téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab 
satadina kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, 
tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh.  Ku prakara éta 
ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, 
karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang 
ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih beunghar manan nini.  
Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”.  Ti dinya 
éta jalma téh tuluy balik, sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha 
polahna nini-nini téa sarta ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda uwang! 
Samiun Alah kuring neda uwang!”  Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida 
nangtukeun yén bakal meunang duit ti Alah dua karung
 goni parinuh.  Bareng geus nepi ka lima poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna 
éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling beunang méprékan, 
sarta tuluy dibawa naék nka para, ti dinya heug éta dua karunganana 
ditindihkeun kana tonggongna.
   
  Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna datang 
kapotong.
   
  Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh 
dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong 
nini-nini téa, pokna, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, 
mana ari keur ajengan?  Aya deui?”
   
  Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu 
daékeun jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék 
ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka gusti Alah 
pokna, “Ih naha Alah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari 
kaula henteu? Jeung deui: kumaha naha atawa Alah téh geus diganti deui tayohna, 
da nu baréto mah bisa nyieun duit ku beling, ari Alah nu jeneng ayeuna 
tayoh-tayoh henteu bisaeun?
   
  Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba 
kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Alah bisa cageur ogé, tatapi 
tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan 
rosa-rosa, lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi 
tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.
   
  Tamat
Baktos,
pun hendra


 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Reply via email to