> Surtiwa <surt...@...> wrote:
> Waas aheula mah di sakitar Bukit Soeharto teh teu meunang aya anu 
> dagang atawa pamuiman..eta teh daerah konservasi leuweung....Komo 
> ngaranna Soeharto..sarieuneun ngalanggar..

Bah, kuring mimiti ngaliwat ka Bukit Soeharto teh taun 1981,nuju Samarinda ti 
Balikpapan. Kuring nyarter mobil sewaan, mobilna teh sedan Holden, persis siga 
di Bandung jaman harita, taksi 4848. Pas ngaliwat ka Bukit Soeharto, si Supir 
teh ngadadak ngalaunan mobilna, bari tempa-tempo kasisi jalan. Kuring rada 
reuwas, da puguh Bukit Soeharto jaman harita, masih leuweung, teu ningali 
jelema saurang-urang acan, sok sieun si supir boga niat jahat.

Sreg teh mobil eureun pisan, si Supir terus turun, bari ngomong pondok, "Maap 
Pak, sebentar". Manehna nuju ka sisi jalan, terus nempoan kahandap siga aya nu 
diteangan, sukuna nyepakan runtah, duka naon nu diteangan. Tapi kacirina mah 
manehna bingung, nu diteangan  teu kapanggih. 

Tungtungna manehna balik deui kana mobil, neruskeun perjalanan. Panasaran naon 
nu diteangan ku manehna, kuring nanya: "Cari apa pak Supir, nampakna penting 
sekali?".

"Ini gara-gara kucing!", ceuk manehna teh satengah kukulutus. Der manehna teh 
ngadongeng. Cenah dua poe katukang manehna teh ngaliwat ka palebah dinya 
sareupna, teu ku hanteu mobilna nabrak ucing anu meuntas, nepi ka paehna. Pa 
supir kacida reuwasna sabab manehna percaya pisan eta kila-kila rek meunang 
musibah. Keur palakiahna supaya teu meunang musibah, bangke ucing teh kudu 
dikurebkeun jeung diboehan. Ngan cilakana mana aya nu dagang boeh di leuweung 
mana geus reupreupan deuih. Kapaksa we kameja bodas nu keur dipake, dilaan  
terus dipake mulen bangke ucing. Rurusuhan manehna ngali kuburan ucing make 
konci roda. Beres weh ucing teh dipulasara.

Manehna neruskeun perjalanan ukur dikakaos sangsang. Tepi ka Balikpapan, kakara 
manehna inget dina saku kamejana teh aya duitan, nu lumayan gede. Jadi lapur 
kakubur jeung bangke ucing. Rek balik deui teu mungkin jeung rada sieun da tas 
nabrak ucing. Tah kabeneran ayeuna manehna ngaliwat deui. Tadi euereun teh 
maksudna rek dikali deui da teu jero, da ngalina ge ukur ku konci roda. Tapi 
manehna poho deui lebah-lebahna jeung ngarasa rusuh bisi panumpang kesel, lila 
teuing nungguan dina mobil.

"Tapi enggak apa-apa Pak, yang penting saya selamat tidak dapat musibah", ceuk 
manehna teh ngupahan maneh.

Teu ditembalan, ngan dijero hate we ngagerentes: "Har.. ari Bapa Supir,  ari 
eta duit nu ngilu kakubur, lain musibah kitu?"


Baktos,
WALUYA



 


Kirim email ke