Assalamu'alaikum wr.wb.,

Wilujeng enjing baraya sadayana.....wilujeng patepang deui di dunya maya.

Alhamdulillah, HBH KUSnet 2007 tos lekasan.....sareng aya dina kalancaran,
najan seueur keneh kakiranganana...hapunten anu kasuhun ka baraya sadayana
anu tos ngaluuhan acara HBH KUSnet 2007...bilih aya anu kirang nyugemakeun
atawa aya anu teu berkenan dina manah boh dina tata-titi, oge pangbagea ti
pihak panatacalagara hapunten pisan ku sagala kakiranganana...

Sim kuring atas nami panata calagara HBH KUSnet 2007 ieu, seja ngahaturkeun
mangrewu-rewu nuhun anu teu aya hingga na kanggo para saderek anu tos
sarumping ngaluuhan HBH di kiara payung ieu, oge kasadaya pihak anu tos
ngabantos boh tina miimiti moril, materil sareng pangrojong du'a na dugikeun
ka kalaksanakeunana HBH KUSnet 2007 di Kiara payung-jatinangor-Sumedang.

Haturnuhun special kanggo Apih siddik salaku Pamangku Hajat, Ka para Kuncen
salaku sesepuh, Ka para Panata Calagara, ka para Donatur, specials Thanks
oge kanggo teh Ika sareng Kang Dede Mariana anu tos ngusahakeun sareng
masihan tempat HBH anu merenah...

kanggo anggota KUSnet anu teu acan tiasa ngiringan HBH, atuh Mugia dina HBH
salajengna tiasa ngaluuhan, supados langkung euyeub deui, langkung katinggal
yen Urang Sunda teha AYA!

Hatur rewu nuhun,



Rengrengan panata calagara HBH KUSnet 2007

Reply via email to