Tuh  hiji deui gening  US anu  pantes dipakareueus teh.
  Sabenerna mah rea lah US anu pinunjul teh, tapi nyaeta atuh kirang promosina.
  Sok geura atuh urang silih promosikeun . Urang silih dukung, silih asah silih 
asih silih asuh tea gening.
  Sok kang Iwan der ah geura padungdung  dina widang anu kang Iwan kuasai di 
Indonesia.
  Leres pisan di Indonesia teh seueur anu meryogikeun Hovercraft. Angot kanggo 
ka  pedalaman Kalimantan, Irian  Jaya , dalah Sumatera oge. pan seueur pisan  
daerah rawa rawa di  sabudeureun basisir nagri urang mah. Padahal di daerah 
rawa rawa eta potensi  minyak oge masih seueur keneh . Upami atos ngadamel 
hovercraft  anu seueur, tiasa di tatawiskeun ka indrustri perminyakan, 
sapertos, Chevron, Total, Pertamina, Conocophillips jrrd.
  Teu kedah  diical ge teu nanaon. Disewakeun we lah ka parusahaan samodel kitu 
mah.Pasti kahartos
  Sabaraha tah pangaos hiji hovercraft teh kang, hijina ?. Duh kawas anu bade 
meser wae. Ih  atuh ieu mah hoyong terang we pangaosna.
  Ke bisi aya anu naroskeun , pan sim kuring tiasa ngajawab.Sim kuring  sanggem 
janten tenaga freelance kanggo ngapromosikeun   ka parusahaan minyak lah. Insya 
Allah
   
  Der kang  lah, seueuran ngadamelna, pan ayeuna ge usum banjir dimana mana. 
Pasti lah laku  engkena mah.
   
  Wilujeng medar pangalaman sanesna di kusnet  nya kang.
   
  Wassalam
  Dudi Asgar nu keur bubuara di tatar Sudan
   
  "Iwan H. Suriadikusumah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Para Wargi Kusnet sadaya,
   
  Sampurasun.
   
  Mugi kersa ngahapunten. Sababaraha kali ngirim posting, nembe ayeuna maca 
aturan maen jadi anggota Kusnet. Padahal ngiringan di dieu teh tos 
mangtaun-taun. Mung biasana mah pasip bae, ukur ngiring maca sareng seuri 
kayungyun ku heureuyna Urang Sunda.. 
   
  Ngaran kuring Iwan H. Suriadikusumah. Kokocoran ti aki palih pun bapa mah ti 
Sumedang. Dupi pun nini asli Palembang. Ti palih ibu rada tebih asal muasalna. 
Internasional we pokona mah! Namung ari lahir tur sakola mah dugi keun lulus 
SMAna di Bandung.
   
  Pagawean rada jarambah. Kangtos ngumbara di Ustrali, Singapur tur lima taun 
dugi keun ka taun 2004 di Korea, sanaos rada sering pulang anting wangsul ka 
Pamulang. Sasatna unggal sasih mulang ngalongokan pun bojo sareng barudak anu 
teu puruneun ngariring ngumbara janten TKI di Korea. .
   
  Dua taun ieu nyobi-nyobi mitembeyan hoyong ancrub ngawangun industri di lemah 
cai. Kabita ku keyeng tur heuras kahayangna urang Korea. 
   
  Padahal Korea teh nagara nu miskin tanah tur sumberdaya alam. Tapi Angkatan 
Laut urang mesen kapal ge ka ditu. Padahal upami teu lepat mah, taun 70an teh 
Korea teu acan boga galangan kapal, ari di urang, galangan kapal 
mangpirang-pirang. PT DOK Surabaya wae didirikeun teh taun 1910! Piraku teu 
acan tiasa dipercanten ngadamel kapal keur kaperluan nagara sorangan?
   
  Nya ku kituna niat ingsun ngabuktoskeun, yen bangsa urang ge teu eleh ku 
bangsa deungeun. Kaleresan dipercanten ngabangun HOVERCRAFT, asli buatan 
putra-putra Indonesia, desain sareng modal Indonesia. Masing nembe dua taun 
ngawitan, alhamdulillah tos hasil mroduksi lima unit nu ayeuna dianggo ku TNI 
Angkatan Laut.
   
  Tebih keneh tina impenan hoyong tiasa ngunggulan produk mancanagara mah, tapi 
alhamdulillah da henteu pegat harepan. Tur dukungan mah sanis kanten ti mana ti 
mendi mah aya wae, masing nu janten panghalang ge teu kirang-kirang.
   
  Sakieu heula kanggo nepangkeun. Sugan sangkan miara obor manjangkeun baraya, 
upami aya kalepatan dina basa kalayan tulisan mugi ulah janten regat manah, 
mugi kersa ngahapunten.
   
  Nyanggakeun,
   
  pun Iwan.
  

         

        
---------------------------------
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.

Reply via email to