Asswrwb... Kasesepuh/baraya di kusnet manwi aya anu terang hukum di agama 
perkawis tanggung jawab ka anak korban cerai,punteun.... urang jelas keun heula 
masalahna.Pun bibi teh randa gaduh budak dua,nikah ka pun emang duda budak 
3,budak emang ngiring mamahna,pun bibi gaduh budak deui ti emang 2 jadi 
sadayana 7.Emang jeung bibi tos niat bd tanggung jwb ka tujuhannana moal 
ngabeda2'. Tingawitan rumah tangga bibi tos ikhtiar bertindak adil ka budak 
kawalonna anu 3 malah sering ku bibi di ajak sabumi,supados leres2 adil.tapi 
weleh dugi kakiwari teu aya anu kersa,salami 10 taun bibi mung tiasa masihan 
biaya bulanan samampu pun emang,otomatis upami di etang2 bibi teh teu tiasa 
adil margi teu sabumi tea.supados di uninga ibu kandung budak anu 3 tos nikah 
deui ayeuna parantos pirak deui,janteun tina segi ekonomi popotongan emang teh 
serba kakirangan tapi hanjakal anjeuna gaduh sipat sombong jeung dengki khusus 
na ka pun bibi.kadengkian nana ditularkeun ka budakna anu 3.hasilna naon anu 
parantos di pidameul ku emang /bibi eta budak 3 teh tara aya syukurna.komo 
upami dina salah sahiji sasih  bibi telat masihan ,keur alit keneh oge 
carampelak komo ayeuna tos arageung.Malih ayeuna mah tos wantun ngadikte ka 
rama na nyalah2keun perceraian jeung ibu na,saurna: sakumaha nepi kairaha oge 
maranehna moal tiasa ngaku ka bibi da saukur indung tere,bapa ulah mamatahan 
wae bapa teh hiji2 na bapa di dunya ieu anu teu tanggung jawab ari anak batur 
(budak kandung bibi anu 2) dipiara anak sorangan di piceun'ku abdi bapa 
didoakeun moal jamuga ALLAH pasti ngalaknat bapa ku lantaran bapa teu ngurus ka 
urang tiluan....  Punteun baraya saleresna pan teu kitu,ayeuna pun bibi gering 
nangtung ngalanglayung salira beugang teu mirasa tuang teu tibra bobo ngemutan 
babasaan/kalakuan budak anu 3.Anu pang di pikasieun ku bibi anjeuna sieun 
dosa,tapi anjeuna teu rumaos nalantar keun eta budak,mmg artos bulanan ti bibi 
upami di rinci2 kaperyogian budak 3 teh moal ceukap,da mung sakitu anu tiasa 
dipasihkeun seusuai kamampuan emang.Punteun baraya pasihan kayakinan ka pun 
bibi anu nuju teu damang ku masalah ieu,punteun upami tiasa mah sareung hukumna 
supados jelas tiasa kahartos ku pun bibi.... Sateuacanna abdi ngahaturkeun 
nuhun pisan,mangga di antos bongbolonganna haturnuhun,wsl 








Terkirim dari telepon Nokia saya

Kirim email ke