Sanes kang asep, anu aliasna "hanjuang bodas" mah eta mah kang hendra
bogor Pemred "Balebat", upami icalan badrek,bajigur hanjuang mah leres
he he.....janten agen dibogor heu heu janten promosi kieunya...biasa
kang tos bakat ieu mah bakat kubutuh tea heu heu.....biasa turunan
tasik mah kang dimana-mana teh sok hayang jualan he he.....nu
kaimpikeun teh hayang jualan bubur tasik dibogor da seuseurna teh
bubur cianjur he he.....raos pisan bubur tasik mah ceuk urang tasik
mah eta oge he he.....naha janten kaditu kadieunya he he.......nuhun
kang asep.

Dina koran media indonesia dinten ieu cenah lemhanas ngusulkeun ka
presiden supados gebernur dipilih langsung, ceuk presiden teh silahkan
biar rakyat yg menentukan dan diteliti cenah. Alesan usulan ieu si
lemhanas kumargi biaya pilkada mahal pisan cenah. Ngan emutan kuring
anu loba ngimpi kan ceuk kuring mah ngadamel wae atuh sistem pilkada
online, memang awalna mah pasti kaluar agueng artos tapi pilkada
salajengna mah sigana teu kudu triliuan sigana da sisten online geus
aya paling oge biaya maintenence sistem jeung hardwarena. Tapi sistem
online ieu bisa dipakae di pilkada ditingkat RT tepikeun presiden he
he....kuring mah yakin pasti urang endonesia bisa.

Kang asep punten janten kaditu kadieunya he he......punten sim kuring
mah loba ngimpi rumaos sakola oge teu berese he he...........

Baktos
ERN


On Dec 6, 2007 10:10 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Leres. Mung, eta serat optikna beut nyambung ka Singapura. Henteu aya
> pilihan sanes. Daya tawar Indonesia janten lemah. Pangaos bandwidth janten
> awis. Padahal langkung sae, upamina wae, mun nyambung ka Hong Kong atanapi
> ka Australia, panginten bakal aya jalan alternatif kanggo ngengingkeun
> bandwidth kalayan beaya anu langkung mirah.
>
> Salam,
> Asep
>
> NB: Kang Eko teh anu alisna "Hanjuang Bodas" tea, sanes? Upami leres, naha
> henteu nganggo alias "Hanjuang Hejo"? Sakaterang sim kuring, waktos ka
> Karang Kamulyan, tangkal hanjuang mah da hejo (utamina daunna). Hatur nuhun
> kanggo panjelasannana.
>

Reply via email to