Kang Oca damang? Sabaraha waktos kapengker asana salira kantos ‘naroskeun’ naha 
di Islam aya kondep ngeunaan ‘reinkarnasi’ –nuju ngabahas ngeunaan Pa Ayip. 
Kaleresan kawargian anyar (duka saha ieu teh…. haturan sun!) ayeuna nyarios 
ngeunaan sare-paeh-wudhu. Kukituna manawi kaanggo ieu kotretan dikintunkeun….

manawa sareng manawi janten bahan iloeun kanggo sadaya kawargian kisunda
...haturan..sun.assalamualaikum wr.wb.

===


KAMI (mah) REINKARNASI KAULA

I
Para wargi sok gugah sateuacan subuh??

….pan ti masjid sok aya sora nu muji sukur  alhamdulillahiladzi ahyana ba’da 
maa amatana wa ilaihi nutsur - sagala puji kagungan nu murbawisea nu 
ngahirupkeun deui saenggeus paeh (tadi peuting) Jeung ka (hoyongmah) ka anjeun 
ayeuna ya Allah (seja) balik.

Pernah kaalaman ku sim abdi keur bubudakeun:  kusabab dilembur abdi mah sora ti 
masjid teh bijil ti aki-aki jeung harita pas wengina nongton film vampire 
barang kageuingkeun teh ku eta sora saendapan mah asa kabayang teh aya vampire 
kolot  hudang tina peti jenazah tuluy nyengir da loudspeakerna treble 
pisan…(boro-boro hayang hudang harita teh kalah teras ngaringkuk da 
sieun…he..he)…ayeuna mah mending loudspeaker na tos rada nge-bas teu cempreng 
teuing komo mun nu nganggo speaker  masjid memeh subuh teh isteri nu sorana 
halimpu meureun genah pisan asa muji sukurna moal asa kasingsieunan.

Tapi piraku do’a heuheureuyan…

da gening lamun rek mondok  do’a Nu mulya tedak quraish mah kieu : bismika 
allhumma ahya wa bismika ammut….nganggo asma allah hirup jeung paeh…. 

Alah..alah…

gening saur urang arab ge sare teh paeh… komo samemeh sare di lembur mah geus 
dibiasakeun kudu beberesih tuluy babacaan…malah pakean ge kudu husus pakean 
sare lain pakean urut gawe.

…..malah …malah…

 dina mushaf utsmani didugikeun cenah Allah (duka tah lamun ELna Ibrahim 
atanapi Yahmweh na Musa mah he..he..tapi paraHyang mah ongkoh) kapungkur pernah 
nyanggem…yen:

Saenyana kami nyokot ruh jelema nu sare sarua jeung nu paeh ngan ari nu sare 
mah diasupkeun deui ari nu paeh mah henteu.

Jadi cenah dina sare teh aya kajadian nu sarua jeung paeh ngan bedana saukur  
sementara saba isukna mun hirup keneh diasupkeun deui…

Pantes pisan…ulikan di sunda ngeunaan paeh samemeh paeh nganjang ka jaga jeung 
rupa-rupa warnaning ngahyang/tilem mangrupa hiji ulikan nu empirik sabab 
dianjangan lamun peuting  jeung saenyana dina agama arab ieu ge (mun enya diaji 
kaislamana-lain ka arabana mungkul) mere lolongkrang nu ENYA ngeunaan 
nganyahokeun hal paeh nu ceuk sabagian jelema nu nolak/teu daek narima (kufur) 
mah mustahil sabab euweuh nu paeh hirup deui.

Jadi paeh teh naon atuh saenyana? Ari sare kumaha enya-enyana? Sok komo ari 
disunda mah sok aya papatah kade jang ari sare teh ulah kawas bangke…he..he.. 
ongkoh sare sarua jeung paeh (sementara) tapi ulah kawas bangke…

Didieu memeh urang telek leuwih jero supaya ulikan teu nepi ka saukur catur 
tanpa bukur  tapi kudu sing tepi kana unsur kaharti karasa tur bukti urang 
tetepkeun heula harti/definisi ngeunaan nu rek di teuleuman…kayaning naon ari 
ruh, nyawa, paeh, hirup, hurip, reinkarnasi, kami, kaula, arwah, sukma…. Sabab 
di sunda mah do’ana ge  (sawarna sareng do’ana Sang Rahmatan lil alamin ngan 
rada detail) kieu geura:

Badan sare
Ati tanghi
Sukma muji
Roh madep 
Maring …… (ayeuna mah diganti ku) Allah
Allahumma (nu nyunda terang baheula kecap ieu naon asalna)
Naktu di nur
Madep cahyaning ….

II

Bagian salajengna urang kintunkeun upami pareng

Baktosna
Eddy Nugraha



      
___________________________________________________________________________
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Reply via email to