KUDU AYA NU NGALULUGUAN
Sampurasun dulur Sunda
Sampurasun baraya Sunda
Hampura sim kuring ngiring nyawala
Hampura lamun eusina kurang makna
Kuring katarik ku tulisan ki Nogerak
Kuring kataji ku babasaan ki Nongerak
Ngalempengkeun sajarah Sunda duga ka nembrak
Dugi ka bisa ditarima ku uteuk jeung otak
Kuring ngarasa jadi warga ki Baduga
Najan hirup di jaman anu beda
Sabab kuring ngarasa pituin urang sunda
Mikarep engke jaga sunda bisa jaya siga baheula
Ayeuna geus dimimitian
Ki Nongerak rajin ngorehan
Ngumpulkeun nu geus dibere tanda
Geura ngahaji, siaga tapi tetep kudu waspada
Tapi kudu aya nu ngaluluguan
Ngarah bisa ngawujud anu jadi tujuan
Pamingpin nu bisa dijadikeun panutan
Nu jadi simbol jeung sumanget perjuangan
Saha Anjeuna?
Anjeuna jalma biasa ngan geus dibere tanda
Boga sipat pinandita, adil tur wijaksana
Nu katitisan sipat Sang Maha Raja, Sang Maha Mulia
Wallahu 'alam Bishowab.........................................
Saha kuring?
Ah eta mah teu penting, 
Kuring ukur jalma biasa
Ampun paralun ....boro-boro ngarasa pinter.....
henteu bodo-bodo acan.....
 
 
 
Wassalam,
 
 
Sukma Alam Brata Wijaya


      

Kirim email ke