Wilujeng Kang Didin (ah, da pantesna mah nyebut teh Bah Didin. Tapi bae ketang, ambeh poho kana umur...), mugi dipaparin yuswa anu barokah. aamiin.
---

Ti dieu, lumpat kana masalah kamus....

Perkawis kamus basa Sunda, kiwari asana geus lumayan loba:

- Pustaka Setia-Bandung medalkeun rupa2 buku ngeunaan unak-anik basa Sunda, boh paribasa, babasan, kamus Sunda-Indonesia, kenging nyusun Budi Rahayu Tamsyah spk. Sanajan condong ditujukeun ka barudak sakola, urang ge bakal kabantu pisan dina masalah basa Sunda ku ayana buku2 eta. Di Bandung tiasa dipilari di toko2 buku, di Gramedia ge aya (di Gramedia Matraman ge asana aya).

- Kiblat Buku Utama/Pustaka Jaya sasih kamari medalkeun Kamus Basa Sunda kenging nyusun Sacadibrata (disusun jaman Jepang asana mah, dicetak ulang + revisi), kamus Sunda-Indonesia (entri Sunda, didadarkeun dina basa Inggris) kenging nyusun Rabindranat Harjadibrata (2 taunan kalangkung), Kamus Sunda Bergambar kenging Tatang Sumarsono (kamus saku). Aya oge buku nembe medal, Peperenian Urang Sunda kenging Pa Ayip Rosidi . Tiasa dipendakan di toko2 buku, atanapi tiasa dipilari & pesen online di www.cupumanik.com

- Rengrengan dosen UPI (IKIP Bandung) oge medalkeun kamus basa Sunda, ieu mah disusun jadi sababaraha jilid (aeh, leres kitu?). Tiasa dipilari di toko2 buku di Bandung.

- LBSS kungsi medalkeun Kamus Basa Sunda, diterbitkeun ku Tarate taun 70-an. Tiasa dipendakan di Palasari.

Aya oge kamus online, tiasa ditingalan di www.urang-sunda.or.id, su.wiktionary.org, atanapi di ramatloka (website) LSS-ITB.


2005/8/24, totong usman <[EMAIL PROTECTED]>:

Ka para inohong sunda pribados bade tumaros atanapi usul kumaha upami aya kamus sunda/ngadamel/tos aya diical kitu ditoko buku sapertos milangkala=hut/ulangtahun, teras wanci janari leutik, pecat sawed sareng nu sanesna, ilaharna seueur wargi urang+pribados seueur nu kirang paos


--
sikandar
kumincir.multiply.com
su.wikipedia.org

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to