Ass wr wb

Sateucanna kuirng teh nyhunkeun dihapunteun, kusabab ieu bewara teh 
ngan karek dibejakeun ayeuna.. 

Kuirng teh parantos ngiringan ieu gempungan ngeunaan Kandaga Urang 
Sunda teh aya 3 minggu na di bogor. Ari eta gempungan teh ngeunaan 
kasundaan nu aya di tatar nusantara. Ari Kandaga Urang Sunda teh hiji 
wadah hoyng ngabeungkeut sadaya paguyuban Sunda nu aya di tatar 
Nusantara. Nya kamari oge nuju dimimitian teh eta gempungan kuirng teu 
kahaja diajakan ku kang hendra. tetela nu dongkap ka eta acara teh 
seur pisan nu Dongkap ti mana mendi. Tah eta Kandaga Urang Sunda teh 
tos dikelarasikeun ping 25 juni 2005 di bogor, pananan kapungkur oge 
sunda teh ti bogor jadi urang mimitian di bogor. Punten rada pabalieut 
basana. minggu ka tiluna tos dibentuk panitia mun tea mah struktur 
organisasi.. kusabab basa mimiti kuring,kang hendra,kang dudi,kang 
tofi nganggo alamat KUSNET, jadi kabagean tinu struktural na teh 
widang IT. Ari visi jeung misi na eta KUS(Kandaga Urang Sunda) teh 
hoyong naekan kabudayaan boh tinu darjat na sajajar jeung batur sajabi 
ti eta KUS teh ngagaduhan visi majukeun ekonomi khususna mah US.
Tah kukitunan kamari kuirng kapapancenan ku kang ridwan nu janten 
sesepuh tinu widang IT na

1. Ngandameul web kanggo informasi
2. Ngandameul Logo

Tah nu nomor hiji kkuirng nyuhenkeun pangrojong na ti KUSNET, 
kumaha-kumahana, nu kadua ngeunaan logo oge nyuhunkeun ilibng na ti 
KUS kamari oge kumaha mun posting weh ka KUSNET panan seur ajli-ahli 
tinu widang Design, nya ari visi jeung misi eta KUS teh nu parantos di 
jentntrekun di luhur tadi. Ngeunaan struktural(organigram) ke kuabdi 
di posting heula. Hatur nuhun, paralun maklum kasuhun bilih basana 
rada pabeulit ieu ge ku abdi ti miunggu kamari teu wara di posting ka 
milis sabab nya kitu bisi ngan mimitina wungkul.
Wassalam





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to