Assalaamu'alaikum Wr.Wb.

Kumaha daramang sadayana wargi-wargi KUSNET?
Rupina danget ieu perhatosan nuju fokus ka Aceh. Alhamdulillah di 
sabudeureun kampus UPI, Pesantren Daarut Tauhid, unggal posko sadaya 
sibuk ngoordinir sarupaning sumbangan.
Emut ka rerencangan di Medan, sim kuring ge nembe kenging waleran sms 
kamari. Teu nanaon cenah, mung waktos gempa 8 menit karaos eundeur di 
Medan ge.Rerencangan nu di Aceh, di Syah Kuala, dugi ka danget ieu 
teu acan kenging berita. Aya Ibu dosen nu mantuna pareng aya di Aceh 
waktos kajantenan tsunami, dugi ka danget ieu tacan nguping sorana 
deui, putrina nangis terus cenah ......... 

Sum kuring kungsi ka Aceh jeung sobat, salah saurang aktivis Korps 
Sukarela PMI Bandung basa Agustus 2000 mekel sarupaning titipan obat-
obatan keur ka Posko PMI Banda Aceh. Bandung-Jakarta naek 
Parahyangan. Nyambung Tanjung Priok - Belawan naek kapal Siguntang. 
Medan-Aceh naik beus malam. Ieu ngadua kalian ka Aceh, munggaran mah 
thn 1997. Sabot dina beus malam teh aya dua kalina dipegat jeung 
dipariksa ku nu seragam hejo belang bari nyepeng bedil, kabeh 
penumpang dipariksa tengah peuting. Wanci isuk nepi ka Lampahan, ka 
bumi Ibu Mertuana ki sobat, maksad mah bade teras ka Banda Aceh.Tapi 
nembe dugi ka Lampahan tos diwagel: "Tidak!!!, Mamak nggak kasih 
kalian berangkat ke Banda, ini hari pergi, sore atau besok belum 
tentu pulang kembali. Biar obat-obatannya taruh di sini saja nanti 
Mamak yang suruh orang untuk menyampaikan ke Banda".
Kuring duaan teu wasa nolak tibatan pibahayaeun bari jeung duaan 
awewe. Padahal ki sobat teh ti Bandung keneh geus ngontak rerencangan 
PMI di Banda keur janjian panggih.
"Mamakpun tidak bilang ke tetangga kalian datang dari Bandung, nanti 
bisa panjang urusan, Mamak bilang kalian tamu dari Malaysia", saurna.
Sajeroning sapoe sapeuting ngendong di Lampahan, kuring can sadar 
bahayana di Aceh. Isukna wangsul ka Medan nganggo travel, henteu naek 
beus malam deui. Sajajalan Lampahan-Medan nu katingal teh wangunan-
wangunan nu tutung tapak kahuruan (aya nu ngahaja ngaduruk??) jeung 
posko-posko pengungsi. "Kalau ada posko pengungsi baru, tadi malam 
pasti ada yang habis di ..... grek..!!!(bari ngisyaratkeun 
pembunuhan)", ceuk supir nu urang Aceh asli. "Iihhhh ngeri kali ya 
Bang!!" ceuk kuring ku logat urang dinya. Ngobrol jeung supir ka ditu 
ka dieu, intina mah terlalu banyak peristiwa nyata di Aceh yang 
mengerikan itu tidak terekspos ke Jakarta, jadi orang lain itu tidak 
tahu betul apa yang sebenarnya terjadi di Aceh, saurna. Kuring duaan 
ngan ukur ngahuleng ..... geuningan kitu. Deudeuh teuing warga sipil 
di Aceh nu geus nandangan tunggara mang taun-taun. Ada apa dengan 
Aceh selama ini?
Nepi ka Medan babaturan di kantor heran:"Ely!!! kok berani-beraninya 
ke Aceh, ini kan tgl bahaya (15 Agustus)!!! Syukur lah kuring jeung 
ki sobat salamet di jalan nepi ka Medan.

Ayeuna ki sobat (Teh Resi, kungsi ku kuring diajak ka bumi Ua Sasmita)
teh keur zarah ibadah haji, da tahun kamari masuk waiting list jadi 
taun ieu geus indit jeung kloter munggaran. Mun keur aya di Bandung 
pasti geus gegejeg ngajak kuring ka Aceh deui sigana.

Ayeuna Aceh keuna Pangersa-Na nandangan musibah tsunami. Mugia ieu ge 
jadi panggeuing keur Aceh nyalira, oge keur urang sadayana."Tidak ada 
satu musibahpun terjadi kecuali atas izin-Nya. Dan kepada orang-orang 
yang beriman Allah berikan petunjuk pada hatinya. (emut eusina, tapi 
hilap surat jeung ayatna mah. Duh Gusti!!! Mugi sadayana dipaparin 
kakiatan tur katabahan nampi ieu musibah.

Ari namina jalmi iiiihhhhh da geuning sakitu batur keur keuna musibah 
ge aya bae nu sorana sumbang. "Loba dosa cenah di Aceh teh jadi weh 
keuna mamala!" Wallaahu 'Alam urang sanggakeun ka Anjeuna. Tos dugi 
kamana urang ikhtiar muter otak keur neuleuman ieu peristiwa. Naha 
urang ge tos tobat? Geulis, kasep, musibah mah tiasa keuna ka saha 
bae. Naha deuih nya dina usum musibah kieu bet aya nu ngersakeun  
nimbang-nimbang dosa batur, mending urang mantuan satiasana boh nu 
sangat profesional, cukup profesional, kurang profesional oge, alitna 
ageungna mung Anjeuna Nu Maha Uninga amal jeung dosa yang kita 
perbuat (siga lagu Ebiet tea nya)

Cag ah, nuju sono ka KUSNET
Ely 








------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$4.98 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/Q7_YsB/neXJAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke