Nu ngadegkeun karajaan Arab Saudi, Abdul Aziz, sanggeus hasil dina bajuangna, ngalarang ka pengikutna terus-terusan perang jihad. Kaum "Ikhwan", salah sahiji pasukan penting Abdul Aziz, nu tadina urang Badui Najd nomaden, teu panuju jeung kawijaksanan raja, sabab ceuk pikiran maranehna "acan beresn bajuangna". Ditambah deuih raja anyar teh ngasupkeun barang-barang ciptaan "setan" nu teu dipikawanoh ku urang Arab seencanna -telegraf, telepon, radio jeung mobil. Akibatna Raja perang jeung urut pendukungna.
Maret 1929, kaum Ikhwan bisa dielehkeun ku tantara Abdul Aziz , pamimpinna Duwaish jeung BIJAD ditewak dina kaayaan tatu. Diasupkeun ka panjara, ngan teu lila kaburu maot. Akibat peperangan ieu, kaum Ikhwan loba nu jadi yatim, jeung jadi "shock" ku runtagna kaayaan maranehna. Salah saurang veteran perang nu satia ngabantu kaayaan ieu teh Muhammad bin Saif Al-Utaibi nu waktu perang bareng jeung pamimpin besarna Bijad. Muhammad bin Saif salawasna inget papatah akhir Shekh legendaris ieu: "Teu meunang serah bongkokan" (disundakan tina: Jangan pernah menyerah). Tujuh taun ti kajadian eleh perang, Muhammad bin Saif meunang kasugemaan, pamajikanna ngalahirkeun orok lalaki. Orok teh sok sering merengut tepi ku bapana dibere aran "Sang Pemberengut", JUHAIMAN dina Basa Arab. Dina tanggal 28 November 1979, JUHAIMAN BIN SAIF AL-UTAIBI jeung gorombolanana nyerebu masjidil Haram, ngawasa masjid tepi ka 2 mingguna,. Tapi akhirna "kudeta" manehna bisa ditumpes, manehna ditewak terus dihukum pancung di Mekkah. Kunaon Juhaiman bet nekad kitu? ke dilajengkeun deui ....... Baktos, WALUYA