[Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread MRachmat Rawyani
Kamana juragan gubernur teh, geuning teu aya di kongres Basa Sunda VII? Lima taun deui teu acan tangtos tiasa ngahadiran deui. Sigana aya acara penting pisan, sahingga teu aya waktos ngabuka KBS. Atawa ciciren gubernur ayeuna teu aya perhatian kanu sabangsaning budaya/basa Sunda? baktos, mrachma

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread Jalak Pakuan
Pami teu lepat dina PR pas dina poean eta aya tamu investor ti China janten Gupernur kedah maturan Menkoekuin (A. Bakrie). Tangtos jadwalna padet, jeung tangtos kedah konsentrasi panginten sabab investor ge penting keur masarakat tatar sunda. Atuh mun teu bisa ngabuka acara, nutup acarana? Da as

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread mj
den Dany Setiawan teh dina PR mah nuju ngulampreng Beijing. dina foto PR den Dany nuju sareng Aburizal "ical" Bakrie. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] > Kamana juragan gubernur teh, geuning teu aya di > kongres Basa Sunda VII? > Lima taun deui teu acan tangtos tiasa ngahadir

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread roisz
pami teu lepat mah, malah kang Dani anu ka Beijing,... dina koran PR mah, dina handapeun Fotona.On 7/1/05, Jalak Pakuan wrote: Pami teu lepat dina PR pas dina poean eta aya tamu investor ti China janten Gupernur kedah maturan Menkoekuin (A. Bakrie). Tangtos jadwalna padet, jeung tangtos keda

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread Jalak Pakuan
Oh kitu?   Mun apdol mah meureun Gupernur ngempelkeun panitia KBS, naroskeun hasil & usul lajuninglakuna, atawa Panitia KBS "ngalapor" hasil KBS. Meungpeung haneut keneh dijentrekeun naon wae lajuninglaku nu rek dilakonan.   Salam JP     roisz <[EMAIL PROTECTED]> wrote: pami teu lepat mah, malah

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-06-30 Thread MRachmat Rawyani
Geuning, sapamadegan jeung implengan sim kuring. Kumaha lamun kieu yeuh. (punten, mamatahan ngojay ka meri). Kumargi teu tiasa hadir dina acara gempungan eta, juragan gubernur teh ngahaja ngulem panitia KBS. Naroskeun naon hasilna KBS teh sarta tuluy ngaluarkeun "statement" hiji kawijakan pikeun ng

Re: [Urang Sunda] Kunaon Gubernur teu muka KBS VII?

2005-07-01 Thread oman abdurahman
Cenah gubernur jabar teh teu bisa ngaluuhan KBS sabab aya halangan, bentrok jeung nganjang ka Cina. Anu dipikamelang teh -palalaur - di nagri Cina bentrok oge acara gubernur teh jeung KBC (Kongres Basa Cina). Mudah-mudahan bae heunteu kitu.   manAR  On 7/1/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED