Baraya,
 
Muga heunteu dianggap teuing laporan anu sabenerna ieu mah, bubuhan nyaksian KBS teh ukur sapoe, kitu oge ukur dua sessi. Anggap bae ieu mah keur panambah atawa kakaren sejanna ti warga Kusnet anu kamari midang di KBS, sagigireun laporan ti Ua Sas jeung MJ. Anu jelas mah, si kuring anu  kaparengkeun bisa ngahadiran acara kabudayaan samodel KBS, meunang pangalaman jeung bahan pikiraneun anu mokaha ngeunaan ketak nangtukeun lengkah saterusna. Lengkah-lengkah anu diperlukeun pikeun ngabudayakeun beunta internet di masyarakat Sunda pikeun hal-hal anu positif.  Sugan bae bisa katepikeun di dieu. Kuktiuna, ieu laporan teh moal nyodorkeun kronologis jeung eusining pidangan Kusnet di KBS, sabab eta mah geus cukup lengkep didugikeun ku Ua Sas katut MJ, tapi-sugan nepi-seja motret kajadian-kajadian atawa ngandela pedaran anu geus aya anu penting diguar atawa diteleban deui, boh samemeh Kusnet manggung, di rohangan presentasi Kusnet atawa saba'dana.
 
Samemehna, si kuring ngawilujengkeun ka  Kusnet, bil khusus ka Ua Sas jeung Mj anu nguncenan, oge Kang Sonny, Kang Hasan, Kang Kandar sareng sadayana bae anu parantos sakitu matak reueusna, mintonkeun naon rupa garapan kasundaan, khsusuna widang basa Sunda di internet dina KBS. Oge ngahaturkeun nuhun ka Kang Ganjar sareng sadayana bae anu parantos maparinan fasilitas nepi ka Kusnet bisa hadir ngaluuhan sareng midang dina ieu acara kabudayaan anu kacida pentingna.
 
1. Tepung jeung para inohong
 
Enya, sakumaha kaalaman kamari, momen saperti KBS teh ngarupakeun kasempetan urang bisa patepung jeung inohong-inohong anu geus manukna atawa sapopoe idek-liher dina kabudayaan (Sunda). Upamana bae, kamari si kuring-sakumaha Ua Sas jeung MJ ngalaporkeun-patepung jeung sababaraha tokoh budayawan Sunda. Diantarana bae, kamari teh tepung jeung Kang Godi (budayawan Sunda anu nyentrik dina tampilan, kamamana make calan komprang jeung buuk ngarumbay bodas, kawentar salaku tokoh teater, sastrawan, jeung kolumnis Sunda oge anu ngaluluguan acara maneuh mieling kajadian Bubat: Ngalumar, di Kawali-Ciamis). 
 
Tepung oge rombongan Kusnet teh jeung sababaraha sastrawan-budayawan Sunda, saperti: Kang Abdullah Mustapa, Kang Wahyu Wibisana, Kang Yus Rusyana, Ceu Aam Amilia, Kang Eddy D. Iskandar. Pasosore memeh balik, si kuring oge tepung jeung Kang Miing Bagito. Leuh, kacida bungahna bisa ngobrol sok sanajan sakedapan, jeung ieu inohong-inohong anu saratia ngajaga jeung ngeusian kabudayaan Sunda. Asa reugreug. teu hilap, si kuring oge bagja bisa tepung jeung Kang Sarabunis, anu ceuk si kuring mah salah sahiji bibit sastrawan Sunda pikahareupeun.
 
2. Ngembang Kadu
 
Di rohangan presentasi, salila jeung sajongjongan sab'da Ua Sas midang, anu katewak ku tetempoan si kuring mah loba pisan pamilon KBS anu olohok semu ngembang kadu. Amit-amit, heunteu aya saeutik oge karep nyombongkeun Kusnet, tapi anu kasaksian ku si kuring, pamilon teh loba anu heran campur jeung reueus, Kusnet geus miheulaan dina garapan-garapan anu jadi padungdengan LBSS salila ieu. Upamana bae, nalika tanya jawab saba'da Ua Sas presentasi, aya salah saurang pamilon anu ngasongkeun pamadeganana sarupa kieu (dibahasakeun deui ku kuring) : "Saenyana naon rupa anu jadi kapiangen LBSS enggoning ngahirup-huripkeun basa Sunda geus digarap sabagean pentingna ku Kusnet". Ieu pamadegan teh persis pamadegan Kang Ganjar anu didugikeun dina kongres Kusnet katompernakeun di dapur Cupumanik.
 
Ti samemeh Ua Sas presentasi, nalika panumbu catur anu kahiji dina session ieu (Kang Uu Rukmana, ngeunaan basa Sunda dina media radio jeung tv), nuju biantara, si kuring pahibut ngalayanan salah saurang inohong budaya Sunda anu perlu ku data gunungapi jeung walungan di Tatar Sunda (kabeneran aya dina laptop). Kulantaran anjeunna oge tatanya perkara software font hurup Sunda karya Kang Dian, nya diunjukkeun oge harita. Anjeunna oge sami, bati olohok bari jeung reueus ningali kumaha hurup Sunda ayeuna geus bisa diketik ngagunakeun komputer.
 
Teu lila, nalika Ua Sas masih keneh ngalayanan patarosan-patarosan, di tukang sabudeureun tempat diuk si kuring, pahibut anu menta program font hurup Sunda karya Kang Dian (kabeneran si kuring ngabantun dina laptop). Nya dilayanan bae bari ceuli mah ka hareup miresepkeun Ua Sas. Dua nonoman kenca-katuhueun pangdiukan si kuring tetelepek nanyakeun soal Kusnet jeung garapan sejenna. Nya dilayanan bae kalawan ringkes bari teu poho maparinan alamat Kusnet. Saurang nonoman nyarita satengah ditompokeun kana ceuli  sanggeus dipaparinan software tadi:"Hebat Kusnet teh geuningan, reueus pisan". Ua Sas ngahaturanan MJ oge si kuring kanggo nambihan presentasi, tapi kulantaran waktu anu samporet, boh MJ atawa si kuring nyukupkeun bae ku pidangan ti anjeunna.   
 
3. Bangbaluh pikeun icikibung
 
Dina session tanya jawab sareng Ua Sas, teu sakedik pamilon anu hoyongeun pisan icikibung di milist Kusnet, jembarna milist kasundaan, ngan kahulag ku akses ka internet anu heunteu murah. Perkara akses kana internet ieu sigana ngarupakeun hiji-hijina kakurangan anu ngarongheap dina nyanghareupan idangan /katuangan rohani ti Ua Sas/kusnet saparakanca. Aya patarosan anu rada teknis jeung ngaharib kana perluna strategi jeung kawijakan ka Ua Sas ngeunaan kumaha carana sangkan Urang Sunda gampang akses ka internet. Ku cara kitu, karya garapan Kusnet baris loba anu ngigelan jeung pada nyarungsum ku sakumna masyarakat US. 
 
Hanjakal, kulantaran waktu anu aya-anu sabagean gede kaakhirnakeun dipake demo nulis aksara Sunda make komputer-ieu patarosan penting teh heunteu kungsi dipadungdengkeun leuwih anteb. Padahal kacida perluna, sabab nya ieu hiji-hijina "kendala" anu badag, anu baris ngagiring kana salah sahiji kacindekan KBS:"ngagero ka pamarentah jeung sadaya pihak, sangkan ngusahakeun akses internet anu murah pikeun masyarakat Sunda, khususna lembaga-lembaga kabudayaan jeung atikan, pikeun dimanfaatkeun dina raraga nepikeun jeung neangan informasi katut ngadiskusikeunanan naon rupa anu pakait kana usaha ngahirup-huripkeun basa, jembarna budaya Sunda".
 
4. Anu perlu disosialisakeun leuwih anteb
 
Aya pi (pagawean imah/PR) anu perlu dipikirkeun leuwih jero ngeunaan sosialisasi garapan-garapan Kusnet ka sakumna pamilon KBS, umumna masyarakat Sunda, kalawan leuwih anteb. Ieu pi teh mucunghul kulantaran waktu presentasi Ua Sas kacida samporetna jeung cukup legana bahan presentasi (kabayang si Ua paciweuhna kudu nangtukeun fokus presentasi). Garapan anu dimaksud nyaeta perkara 'Digitalisasi Pustaka Sunda" jeung Wikipedia".   Memang digitalisas PS jeung Wikipedia kapintonkeun, ngan sigana upama aya waktu khusus presentasi ieu dua garapan, baris kacida munelna oleh-oleh KBS teh. Enya, sakumaha ceuk Kang Hawe, kuduna mah Kusnet teh dipaparinan waktu jeung rohangan presentasi dina sidang pleno.
 
Sigana  ka hareup urang perlu mikirkeun cara sangkan bisa presentasi di rengrengan budayawan Sunda ngeunaan garapan-garapan Kusnet. Lebah dieu, Kusnet anu boga hajatna (upamana di Cupumanik). Keur lengkah kahiji, pagempungan anu Kusnet salaku juru hajatna bisa diwatesan pikeun lingkungan khusus. Upamana bae, Kusnet ngondang sababaraha inohong widang kabudayaan anu pakait, terus dina eta ondangan dipintonkeun naon rupa garapan anu perlu dipikawanoh sarta dipungkas ku panggero ka sadayana sangkan  icikibung aktif ti di milist kasundaan. Para pamilon ieu panglawungan tiasa dipaparinan oleh-oleh ngeunaan: kumaha carana muka jeung ngalebetan wikipedia, muka jeung ngeusian garapan digitalisasi PS, jsb. Dina ieu riungan diebrehkeun kumaha strategisna Wikipedia oge garapan-garapan seperti digitalisasi PS. Sagigireun strategis, ieu garapan-garapan teh kacida nganti-ngantina ka sadayana para ahli basa Sunda pikeun aub aktif ngalebetanana.
 
Aya 5 garapan dina digitalisasi PS, nyaeta: Pupuh 17, TQBS, Roesdi jeung Misnem, Poesaka Sunda, jeung Jurnal Koropak, sakumaha bahan poster anu ti Kang Hasan. Ieu bahan poster  ngeunaan digitalisasi PS teh ku si kuring geus diprint anu terus hasil citakna dipasrahkeun ka panitia KBS ( a.n Kang Dindin). Sajaba ti eta, si kuring oge ngagarap power point ieu bahan poster ti Kang Hasan. Nya keur bahan sosialisasi tea. Ka sing saha bae anu merlukeun ieu power point, mangga dihaturanan japri bae, sakalian pangropeakeun ku power point anu leuwih nyeni. Ieu bahan tiasa dianggo sosialisasi ku saha bae.
 
4. Karya kang Dian anu pikareueuseun
 
Anu kabireungeuh nalika demo nulis aksara Sunda ku komputer taya lian ti cruk-crekna pamilon KBS dina session Ua Sas. Cruk-crek anu ngandung harti reueus, ngabageakeun jeung ngawilijungkeun hadirna software/pakakas lemes pikeun nyieun font aksara Sunda (ti sa jut Ua Sas mimiti nyigeug yen ayeuna aksara Sunda geus bisa ditulis ku komputer, pamilon ieu session teh reang menta Ua Sas sangkan enggal-enggal ngedemokeunana). Cruk-crek sabab ieu pakakas dijieunna ngan 2 poe (+dua peuting) kalawan komunikasi jeung sadaya anu icikibung dina 'proyek" ieu ukur ngaliwatan internet.
 
Dina lebah dieu, Kang Dian kalawab fasilitator Kusnet anu dikuncenan ku Kang Ismail, Ua Sas, Mj, Kang Kandar, Kang Eko jeung Ua Siddik satemenna geus nyieun karya anu monumental. Ieu karya teh siga baris ngabolaykeun pakarepan saha bae anu seja nyieun software aksara Sunda kalawan komersial. Sabab, program anu ti Kang Dian mah -kalawan kasaean anjeunna-diikhlaskeun pikeun dipake ku sing saha bae kalawan haratis.
 
Di rohangan front office tempat KBS dilaksanakeun, nalika ngadagoan waktu prungna Ua Sas presentasi, rombongan sut-set nyarandakan rupa-rupa buku jeung majalah anu dibagikeun haratis dina raraga ngareuah-reuah KBS. Salah sahiji buku judulna "Aksara Sunda Ngalagena" , dicitak edisi full color jeung rada lux. Eusina naon rupam perkara aksara Sunda (ti mimiti sajarah, cara nyieun, jeung latihan nulis). Ieu buku, upama teu salah ingetan mah, dipedalkeun ku Dinas Pendidikan Jawa Barat. Kuring kabagean hiji, malah harita oge tuluy dibukaan bareng jeung nu sejen tur diguar eusina.
 
Aya anu matak ngahelas waktu mukaan ieu buku. Eta, nalika kareret dina kaca sakitu ieu buku anu ngadadarkeun cara nyieun tulisan aksara Sunda (cara manual make patlot atawa pulpen) kalawan pituduh garis panah cara nyieun aksara Sunda anu bener. Ngahelas waktu ras inget urang ayeuna geus ngabogaan software ngawangun font hurup Sunda. Hehehe, pikeun anu biasa ngagunakeun komputer mah ieu cara nulis teh sigana baris dibeungharan ku cara install software font akasara Sunda ti Kang Dian dina komputerna sewang-sewangan.
 
--------
 
Alhamdulillah. wilujeng sakali deui, ka Kusnet...sadayana bae heunteu diwiji-wiji.
 
Cag.
 
baktos,
manAR
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke