Sampurasun baraya, 
Saur ajengan, urang Islam teh wajib beunghar, sabab aya ibadah-ibadah anu bisa 
kalaksanakeun lamun aya waragatna yaeta salah sahijina aya harta (duit). 
Contona ; urang bisa sampurna ngalakukeun ibadah zakat, infak atawa sodaqoh, 
lamun urang boga dunya (harta), komo deui ibadah haji mah, ongkosna hungkul (nu 
leres hungkul atanapi wungkul ?)dugi mang juta-juta.
Wajib didieu benten hartosna sareng wajibna Sholat atanapi puasa. Tapi wajib 
didieu negeskeun yen urang Islam teh kudu bisa ngala dunya (kasab). 
Saluyu jeung masalah ieu, sim kuring gaduh bewara kanggo sadaya baraya urang 
sunda, (anu aktif internetan) urang ngamangpaatkeun waktu nu senggang, dianggo 
milari pakasaban.
Hapunten sateu acanna, bilih aya sangkian sim kuring ngamangpaatkeun forum 
urang sunda ieu. Peryogi ka uninga, sim kuring teu ngical naon-naon / sanes 
promosi. Bewara ieu sadayana gratis teu kedah ngaluarkeun artos.
Mugya ieu bewara mangpaat kanggo sadayana, aamiin.


dikintun ku http://rradensunda.blogspot.com

Bilih aya anu palay mp3 asmaul husna, diantos kasumpingan nana.

Haturnuhun.   

Kirim email ke