Kang ,si kuring oge ngiring bingah kana tos diistrenanna akang dina pademelan  ieu, sanaos akang teu patos sugema oge katingalna mah.
Punten wae bade naroskeun, dupi akang teh kantorna anu dimana tea?. (maklum lah si kuring teh nembe 2 minggu  ngiring dina millis US ieu teh), janten teu apal samemehna )
Kitu wae kang.
Hatur nuhun.
 
Dudi Asgar

oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya US salam dunya,
 
Seja ngahaturkeun nuhun ka sadaya anu parantos ngebrehkeun kabingah + ngado'akeun ka sim kuring anu tos meunang pancen anyara dina jabatan urusan pergeol-logian tea. Kumna wae moal diwiji-wiji, malahan mah ka sadayana wae sim kuring ngahaturkeun nuhun. Nyaeta, henteu pati bungah dilantik teh sabenerna mah, tumali jeung sakitu beuratna anu jadi tanggungjawab dina pancen anyar ieu.
 
Rada bingung puguh ge kajadian diistrenan tugas anyara di pamarentahan teh. Bingungna teh eta pedah rarasaan mah digawe teh teu pati suhud. Kasaksian ieuh meureun ku sarerea oge, si kuring kaasup anu mindeng pisan, lain digawe tapi posting ka milist ....(meungpeun carang). Enya, atuda....tah geus ngageroan San Atuda deui wae....saprak ditempatkeun (dina pancen ti heula) di bagean dokumentasi jeung informasi, tugas sapopoe teh minangkana mah nya ngawengku kana nitenan perwebsite-an. Nya munasabah lamun si kuring betah milist-an teh (seug, moal nampik lamun hal ieu kaasup "bela diri" si kuring kana "perselingkuhan" antara pancen jeung permilist-an).
 
Di sagigireun ti eta, wengkuan tugas anu sejen, nyaeta "perencanaan stratejik" jeung "pelaporan" di kantor. Tina pangalaman,  asana dua widang anu akhir bieu disebut, masih "lip service" dimana wae di kantor pamarentahan. Masih jauh prak-prakan anggaran dumasar kinerja di nagara urang teh. Anu dihargaan lain ka-profesional-an tapi.........ah...tos seueur anu terang ieuh. Kumargi kitu, "selingkuh" jeung milist-an teh eta hiji hal anu teu bisa disinglar (keur kuring mah). Itung-itung neangan tonikum sangkan gawe teu karasa beurat.
 
Dina kaayaan - nepi ka ayeuna oge - teu kungsi nyekel proyek di kantor, alhamdulillah si kuring- rarasaan mah- can pernah katinggaleun ngalaksanakeun tugas, komo mungkir tina kawajiban mah, utamana anu poko. Moal dicaritakeun kasusah anu kungsi karandapan mah, bisi kaasup nguar-nguar rahasiah nagara hehehe....anu jelas....teu gampang ngalaksanakeun tugas teh. Tapi, alhamdulillah, pancen ti heula meureun kaitung geus kalaksanakeun jeung nepi kana udaganana, sok sanajan tangtu wae sampurna mah moal, da manusa tea. Dina kaayaan....kungsi sababaraha kali ngodok saku sorangan keur meuli mangsi printer di kantor, taun ieu, laporan akuntabilitas kinerja pamarentahan kantor kuring cenah kaasup anu pangterehna rengse jeung cukup nyumponan anu dipenta (sababara babaturan ti isntansi sejen pahibut ngopy file eta laporan ti pc si kuring, keur conto, cenah saur aranjeunna). 
 
Satadina mah icikibung di milist teh hayang teu kapilih deui nyekel pancen (sebut bae: ngajabat), da beurat tea. Na ari ayeuna kalahka ditarik kana tugas anu kawilah leuwih badag tur beurat. Sok sanajan kitu, nya nuhun wae,  sareng rek diusahakeun sabisa-bisa ngalaksanakeunana. Teu aya sanes ieu teh barokah pidu'a ti sadayana wae. Kukituna, sakali deui, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka sadayana wae, kum teu diwiji-wiji. 
 
Para wargi, kitu tah warta geol danget ieu...ke ka payun sugan pareng urang sambung deui. Utamana ngeunaan makhluk naon atuh ari "geol" teh? Naon manfaatna keur kahirupan? Naon sababna bet aya sagolongan jelema anu ancrub kana widang "pergeol (ogi)-an". Naha aya hubungan antara geologi jeung ngebor (lain Inul ieu mah)?. Cag urang tunda di hanjuang siang, teundeun di handeuleum sieum, paragi nyokot ninggalkeun.
 
baktos,
manAR


Bring words and photos together (easily) with
PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to