Pilkada teh hiji proses dina nangtukeun hiji pamingpin
di hiji wewengkon, kalayan dipayungan ku hiji aturan
anu sipatna universal anu berlaku pikeun sakuliah
nusantara.
Kaitanana jeung pilkada Gupernur Jawa Barat, nyaeta
pupuhu di Propinsi Jawa Barat, keuna ku aturan
birokrasi sakumaha ilaharna prinsip jeung sistem
birokrasi, anu heunteu ngaheulakeun urusan primordial
(agama, suku, kelompok, jsb). Perkara aya kahayang,
sangkan anu jadi pamingpin teh anu ngarti kana
kahayang kalolobaanana masyarakat anu cicing di
wewengkon eta, gumantung kumaha parpol mangaruhan anu
milihna. Sistem demokrasi tea pan, gumantung kana sora
anu panglobana diraih ku hiji pamingpin.

Pangalaman Pilkada di DKI Jakarta, harita anu jadi
perhatian publik nyaeta “slogan” anu diusung ku para
calon. Jigana, masyarakat Jakarta teh masih sieuneun
kana slogan “ayo benahi jakarta” tinimbang slogan
“satu untuk semua”. Geletukna teh kabeneran anu
meunang teh, putra betawi asli. Padahal asana teh, 
slogan anu aya di spanduk-spanduk, teu pati “menyolok”
ngusung  “saatnya Putra Betawi jadi Gupernur”. Ari
ceuk batur kuring anu asli urang Betawi, slogan putra
Betawi asli, teu leuwih hiji “trik politik”, ti para
elite politik anu ngadodoho “jabatan”. Ari rahayat
leutik mah, heunteu paduli ka calon pilkada,  rek
betawi atawa pangsiunan pulisi,  wong cilik mah sibuk
ngurus “haseup dapur”.

KUSnet salaku hiji komunitas, kuduna mah leuwih
cerdas, ngembrehkeun kana pasualan ril anu aya di
masyarakat, kumaha narekahanana, terus dijadikeun hiji
isu, sangkan jadi perhatian pikeun calon Pilkada.
Leuwih alus deui upama sakalian mere asupan. 
Conto kasus, Gupernur anu kaasup alus dina ngokolakeun
birokrasi pamarentahan jeung ngangkat darajat
masyarakatna nyaeta Fadel Muhammad, Gupernur
Gorontalo, Mahasiswa teladan ITB taun 1975. APBD na
geus bisa  mere honor tambahan di luar gaji pikeun
para camat sa propinsi. Bupati/walikota anu alus
ngalayanan masyarakatna, aya 17 kabupaten/kota, teu
sahiji-hiji acan kabupaten/kotamadya di Jawa Barat,
anu asup ka kelompok 17. Anu kabejakeun rame mah,
Bupati Garut ngorupsi dana APBD nepi ka ditangkep
pulisi.
Kota Surabaya, jago dina ngokolakeun kabersihan
kotana.Kabupaten Jemberana, Bali anu dibupatian ku
dokter gigi, geus bisa ngabebaskeun SPP sakola nepi ka
SMA. Eta sababaraha conto prestasi, ku ayana otonomi
daerah.

Kumaha atuh ketakna Pilkada jawab Barat?
Anu jelas PILKADA LAIN PILKADAL, tong daek DIKADALAN
ku CALON PILKADA.

Baktos,

Mrachmat Uidipura

BENER, BEUNEUR jeung JEUJEUH



      
____________________________________________________________________________________
Never miss a thing.  Make Yahoo your home page. 
http://www.yahoo.com/r/hs

Kirim email ke