Paeonia Suffruticosa
A. Puspita S
 
Juni geus kaliwat
Dina Tahayulna Jepang geus ka cutat
Cinta jeung kabagjaan dinu Juni ka serat
Ceuk beja di Juni aya Dewa Cinta
Mapatkeun mantra kaasih jeung katresna
 
Juni geus kaliwat
Tahayul Yunani mawa beja, kuring ngorejat
Ceuk beja Juni teh dilaknat
Mawa kutukan keur ummat
 
Duh, Paeonia Suffruticosa !!
Akar anjeun nyulusup kadua benua
Teu di nagri Sakura, teu di Nagri sarewu Dewa
Ngahasilkeun kembang nu seungit tur endah
Pasanganna daun plumosa jadi korsase lambangna cinta
Sanajan akhir lalampahan Katresna anjeun teh beda
 
Paeonia Suffruticosa, geuning anjeun jeung kuring bet teu beda
Virus cinta mawa bagja jeung sangsara......
 
 
Gerentes hate,
Akhir Agustus 2004
 
 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke