Sampurasun

Mudah-mudahan, mung ukur Propaganda, ulah enya kajadian eta teh.
simkuring rada reg-reg ayeunamah

nuhun ah
Rampes
baktos
Agus Wirabudiman

  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  To: kisunda@yahoogroups.com 
  Sent: Friday, December 22, 2006 7:18 AM
  Subject: Re: [kisunda] Borobudur mau dibongkar


  Mangga lenyepan deui langkung teleb ngeunaan embaran anu aya dina eta
  'forward'-an, naon eusina, ti saha sumberna. 'Forward' sapanjang-panjang,
  tapi eusina ukur komentar2 anu 'panik' kana hal anu teu jelas kapastianana.
  Anu 'harareboh' model kitu mah, asa pamohalan nepi ka teu diangkat kana tipi
  atawa media massa anu leuwih nembrak.

  On 12/21/06, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Sampurasun ka sadayana, Bagea Baraya kisunda.
  > Ieu sim kuring ngadugikeun gunem catur dina milis
  > tatangga, anu nambah kaprihatinan urang anu cenah
  > sabage bangsa nu berbudaya, geuning nyatana pola pikir
  > jeung kajembaran bangsa urang teh geus jauh pisan
  > mundurna, moral jeung kawibawaan bangsa anjlok,
  > kalestarian alam goncang, nu tungtungna alam ge ngilu
  > gering. Mangga di pagunemkeun, kumaha atuh sangkan
  > bangsa urang teh tiasa ngaronjat deui harkat jeung
  > martabatna?
  >

  -- 
  sikandar
  kumincir.blogspot.com
  su.wikipedia.org
  www.urang-sunda.or.id

  [Non-text portions of this message have been removed]



   

Reply via email to